lere-lere...lajeungkeun kang...

  ----- Original Message ----- 
  From: nonggerak 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, July 10, 2008 7:26 AM
  Subject: [Urang Sunda] SILIWANGI JEUNG KI SANTANG ( Serat 1 : )


  (Serat 1 : )

  Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, rubah jadi maung atawa nu
  mistik laina. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu
  pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut
  ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa
  manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna
  sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.

  Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan
  dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji
  acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang
  nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di
  kira-kira. 

  Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi
  maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka
  gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan
  maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali.
  Lain anjeun turunan manuk dadali.

  Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun..
  Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba
  ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...



   

Reply via email to