."...........kecap bumi dan air dan kekayaan alam yg terkandung di dalamnya,
dikuasai
negara dan dipakai untuk meningkatkan kesejahteraan rakyat. ......" masih
keneh dikalola Nagara keur kasejahteraan rakyat...Ngan ngalolana masih
kirang baleg...nyiptakeun birokrasi anu matak mahal kana ongkos...kadua teu
boga duit..keur ngala SDA....katilu..eta korupsina..tambah getol......



On 7/11/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
> kungsi nongton debat di tv teuing, nya soal presiden kahareup, nepi ka
> soal jawa jeung non jawa. maksud non-jawa di dinya mah, urang sebrang.
> ongkoh ayeuna aya wapres nu ketua golkar jeung sigana baris dicalonkeun ku
> golkar.
>
> sanajan JK oge cenah kungsi nyarita, saya tidak mungkin jadi presiden,
> karena saya bukan orang jawa. siga aya rumus, yen presiden kudu orang
> jawa. nu sejen ngan kaci jadi wapres. cilakana, eta geus jadi cecekelan
> seler sejen, cara nu diucapkeun JK eta.
>
> ari pikeun kamajuan bangsa nagara mah, hadena mere oge kasempetan ka seler
> sejen pikeun jadi presiden. utamana kanu geus nembongkeun potensi jeung
> kapasitas. cara JK oge cenah lumayan. ongkoh soal seler mah, da dina UUD
> 1945 oge teu aya aturan eta, nu aya mah, soal orang indonesia asli, asana
> aya kecap beragama Islam.
>
> lain, ari presiden di urang mah, teu jadi inohong legendaris cara di
> amrik. paling nu asup itungan ka kelas legendaris teh ngan Bung Karno
> wungkul, da nu munggaran jeung nu merdekakeun RI. hanjakal presiden di
> urang, utamana nu beh ditu, sok rusak tungtungna. boh dirusak ku nu
> ngaganti atawa ku rakyat, nu ieu mah meureun sabab presidenna diktator
> atawa otoriter. teu nanaon lah otoriter oge, asal baleg we, demi
> ngamajukeun bangsa sadayana, lain golongan atawa parteyna. dina level
> gubernur, cara Ali Sadikin ngurus DKI baheula, loba tindakanana nu
> otoriter, malah cenah kungsi nampiling supir treuk sagala, da mawa treukna
> beurang, harita cenah aya larangan pikeun treuk asup jakarta beurang. tapi
> peta kitu ngahasilkeun kahadean pikeun jakarta, cenah.
>
> otoriter nu ayeuna oge, naekeun (wae) BBM. padahal cek UUD 45, asana aya
> kecap bumi dan air dan kekayaan alam yg terkandung di dalamnya, dikuasai
> negara dan dipakai untuk meningkatkan kesejahteraan rakyat.
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
> http://mangjamal.multiply.com
>
> 
>

Reply via email to