di abdi mah aya BANK NAGA
----- Pesan Asli ---- Dari: siti syarah <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Selasa, 15 Juli, 2008 11:30:05 Topik: Balasan: [Urang Sunda] PATEKADAN LEMAH ABANG (IV) Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: VII Gulung dina Patekadan Lemah Abang Lamun geus geus loma/dalit, euweuh gusti euweuh abdi babar sapisan jadi sobat (wali). Tapi, dina tohid bisa na qurbah (qarib=dalit) nunggal ngahiji gulung teh ku modal islam (aslamtu sumerah) nepikeun ka jiwa ragana teu ngaboga boga nepikeun ka teu ku maneh maneh acan (da teu daya teu upaya). Ayeuna lamun ka-maneh-an geus aya deui, tuluy bareng jeung batur batur, tuluy nyarita meletus bijil ti sungut, make basa maneh (sedengkeun lain gusti mah nyaritana ge teu make sungut? ari ieu bijil ti sungut), ceuk batur nu ningali mah maneh teh keur fana (rusak). Ari nu rusak euweuh nu pantes nurutkeun alam tata alam semu. Meureun batur salembur leueleutikanna pada heran pada teu ngarti,... gorengna pada nyalahkeun,. ... ceuk batur teh naha ari aing henteu, boa si itu nurustunjung jelema gelo...nu kitu teu sarua jeung fiqh (asal kecap fiqh = pamahaman, tapi ahirna jadi hukum) batur-batur. Ieu kajadian geus loba, di jawa mah kajantenan ka Syech Siti Jenar (SSJ).. Aya cariosan SSJ nu kadugikeun kanu sejen (utusan) nu beda tingkat pamahamanna (beda alam) ngeunaan ageman - nyatana waktos para wali miwarangan ngulem SSJ, caritana nu katepikeun mah kieu: ---- Kahiji, waktos kaleresan SSJ nuju dina ‘kafanaan’, Utusan wali nepangan: “Kangjeng Syech,.... dipundut sumping ku Kangjeng Sunan... sun” SSj: “Euweuh sitijenar mah, aya ge Allah”. Dasar ka jalmi nu dipercaya luhung sanajan ucapan na’aheng’, nu dipiwarang teu wantun mindo catur teras wangsul deui pupulih ka para wali teu tiasa ngangkir SSJ margi nuju suwung nu aya ge ngangkenna Allah. Para wali mah maphum teras we mindo (kaduana), miwarang utusan supados nu diulemna teh Allah, ngan kaleresan pas tepang teh SSJ tos dina ‘biasa’ deui. ”sun...dipiwarang ku Kangjeng Sunan supados ngulem Allah”. ..atuh waler SSJ teh: “tong ngangkir Allah ka kami da kami mah SJ”. Atuh ki utusan mulih deui ka Para Wali wawartos yen teu tiasa ngulem Allah da nu kasampak mung SSJ. Para wali, ahirna, mutus supados ngutus nu cekap ngilmina (sa alam) pakeun ngangkir SSJ. Sanggemna ieu utusan teh : “Ieu kami... menta Sj Kalawan Allahna supaya hadir ayeuna keneh”. Sakedet netra SSJ nu tos ras jlig... tos dugi ka riungan wali. Ngan,.... nyebut Allah ka nu sejen ieu nu engkena jadi label ‘hukuman’ ka SSJ..., ti ieu beja nu nepi ka utusan teh, tuluy nyebar ka bala rea SSJ teh jalma nu ngaku Allah. Naha sesebatan lain SSJ teh Lemah Abang? Ari lemah hartina taneuh ari abang hartina beureum. Di sunda mah lamun aya jelema nu anyar paeh sok disebutkeun cirina taneuhna ge beureum keneh. “puguh ki anu the maotna kamari tuh taneuh na ge beureum keneh”. Taneuh beureum dibasakeun kana pajaratan anyar: Padahal teu kabeh taneuh beureum, siga nu dikuburna di lembang mah kajeun anyar ge teu beureum da taneuh na hideung. Ari pajaratan anyar mah salian ti paesan (nisan) teh taneuh na ge melendung keneh...cirining can kabeh sirna...matak sok ditahlilan sok direwahkeun. .. can jadi paesan jati pisan da katambahan keneh sesa bangkarak. Ari nu ngulik kasampurnaan mah kudu bisa paeh heula samemeh paeh ceuk batur/jamak (tingali-paeh samemeh paeh) sabab kongas aya ayat qur’an: “Jeung jalma jalma nu geus paeh, tuluy dihirupkeun deui, terus dibere sunda, nu ku Sunda (nur) eta maranehna bisa lumampah hirup diantara manusa, naha sarua jeung nu aya dinu poek mongkleng anu manehna henteu bisa kaluar tidinya (6:122)’. Kajadian SSJ meletus cariosan kasaksi ku batur ngangken Allah, sabab masih keneh anyar (kafanaan keneh teu acan pulih) lumampah saatos ‘paeh samemeh paeh’ -sanajan tos kapasihan sunda (nur) ti nu murbeng alam benten jeung jalmi biasa. (tingali-panaekan warnaning tangtung). (....Enya kitu??..pikiraneun ) ________________________________ Dapatkan info tentang selebritis - Yahoo! Indonesia Search. ___________________________________________________________________________ Nama baru untuk Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. Cepat sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

