uing boga balad sababaraha urang babah, urang malaya. sakapeung sok guntreng ngabako perkara ageman. di malaya, jiga di lembur urang oge, aya sababaraha ageman nu dianut ku masyarakatna, sarta aya katangtuan yen tiap jalma kudu milih salah sahiji ageman. ceuk salah sahiji balad, nalika urang cina kudu milih salah sahiji ageman, aya sababaraha pilihan, diantarana islam, karesten, hindu, jeung budha. ku uing ditanya, " ari babah, leuwih resep kana ageman mana diantara eta pilihan teh?". ceuk balad uing tea, cenah lolobana babah leuwih resep milih budha, sabab teu loba ceta cenah budha mah, teu kudu register jiga karesten, teu kudu disunatan jiga islam.
salam, mh On 7/16/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Pirbados kantos gaduh rerencangan kuliah nu sa-kos-an (sa-apartemen) nu > kawitna ti Malaysia. Saur anjeunna, upami urang Cina di Malaysia tos lebet > Islam, teu disebat deui Cina (tiasa disebat aturan tidak tertulis kitu?). > Jigana kapungkur hal jiga kitu lumaku oge di urang. Waktos urang Cina lebet > Islam (malih teras nikah sareng padumuk lokal), cap Cina-na kahapus. Para > turunanan oge disebat turunan padumuk lokal. Tapi urang Cina anu henteu > ngabaur (ngahiji) sareng padumuk lokal mah (anu malah ngawangun komunitas > mandiri anu disebat pecinan kalayan ageman karuhunna) tetep we disebat UC. > Antukna tapakna Cina muslim teu katingali. Nu katingal teh, kiwari seueur > urang Jawa Islam sareng Urang Sunda Islam (hususna di pantura) nu pameunteuna > jiga Urang Cina. Ah ieu mah mamanawian.

