Tos beres nya kang Firman kaperluan teks surat ondangan teh? Keun wae
masih beunang jieunan anjeunna anu kasebut ti generasi sepuh oge,
kuang kumaha, da anu ngora can aya anu bisa, sigana, atawa waktu anu
samporet keur nyuprih budak ngora anu rancage dina basa Sunda antik
sakumaha kapalay.

Ngeunaan format acara, si kuring moal pati maparin ideu. Anu aya oge
katingalna tos lumayan euyeub. Ngan saran wae ieu mah, ulah rame
teuing sagala dicampur-adukkeun. Ceuk cenah, sakumaha dina nyieun
imah, disain anu hade jeung kokoh napel dina ingetan anu ningalna oge
kokoh kaayaan dirina nyaeta disain anu basajan alias sederhana tapi
patri.  Ieu hartina lain si kuring ngusulkeun supaya eta rencana
runtuyan acara teh supaya dibolaykeun sawareh, henteu, teu kitu. Ngan,
anu dimaksud usulan teh supaya dina mintonkeunana sederhana wae supaya
teu dicampur-aduk anu niatna hayang rame tur alus tapi anu katingal ku
penonton engke rame teu puguh. Ieu anu dimaksud ku kuring sangkan
konsep sederhana atawa basajan tapi patri dikapayunkeun.

Seug sakitu heula nya kang, Insya Alloh dina waktuna kuring ka Cipari,
Garut; sakalian bari rek ngalongok demplot pupuk organik di Cisurupan
jeung Wanaraja, hasil ngablank tea :) . Puguh geus sono ka Wanaraja
teh, harita, 3 taun ka tukang, anjog ka dinya teh ka patempatan ibu
ustadzah Aminah, raina kang Thontowi tea (ajengan anu sok dibebendo
ceuk Mh tea mah). Ceu Aminah anu motekar dina industri sandang tina
haramay tea.

manAR



On Wed, Jul 16, 2008 at 9:18 AM, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Adi simkuring insya allah, bade ngayakeun walimahan jatukrami pertengahan
> agustus 2008 di Pasantren Cipari, Wanaraja, Garut. Dina rapat panitia
> (adi-lanceuk simkuring) tos sapuk seja nganggo tema sunda somah. Temana teh
> pesta panen. Suasana na siga di sisi pasawahan nu dipapaes ku taman sayuran
> jeung alat tatanen. Musikna nganggo waditra sunda sareng modern kacapi
> suling sareng sunda jazz ti STSI Bandung. Tawis socana bros angklung ti
> saung angklung (mang) udjo. Seragamna nganggo kabaya nu tiungna digelungkeun
> siga tukang lotek palemburan sareng pamegetna nagnggo setelan pangsi
> barangbang semplak. Kanggo ngareureuah, musik pangbageana rampak beduk
> (sukawening, garut), rampak kendang, atanapi surak ibra (wanaraja, garut)
>
> Alatan kitu, simkuring mundut pamendak ti palawargi sadayana manawi aya
> pamendak-pemandak nu sanesna nu narik ati. Sajabi kitu, sim kuring mundut
> bantosan teks surat ondangan nu nanggo basa sunda. Sukur-sukur anu rada
> benten kecap-kecapna...
>
>
>
>
> Firman Juliansyah
>
> Office:
> PT Tirta Golden Boys
> Jl A2 No. 41, Cipinang Muara, Jaktim, Indonesia 13420
> Ph: +62 21 8514742, Fax: +62 21 8501347
>
> Home:
> Jl Matraman Dalam III No 1, Rt 04 Rw 07
> Kel Pegangsaan, Kec. Menteng, Jakarta Pusat, Indonesia 10320
>
> Mobile Ph: +62 81 320 656 905
> Email for YM & Friendster: [EMAIL PROTECTED]
>
> 

Reply via email to