nyaeta riweuh. inohong US na teu daria merjuangkeun. ongkoh geus kungsi
cenah eta ge taun 50-an asana mah. tapi teu cumpon. padahal keur jaman
walanda mah, ngaran provinsi pasundan teh dipake pikeun ngaran alias
provinsi jawa barat (kaci make ngaran provinsi pasundan).

aya deui masalah di jerona, urang cirebon -sawareh pastina- teu ngarasa
urang sunda. meureun mun jadi provinsi pasundan, cirebon jadi provinsi
cirebon. ngan teuing kuningan indramayu majalengka milu ka mana. tapi dina
kompas jabar aya nu nulis yen indramayu ngarasa beda oge ti cirebon.
cirebon beda jeung majalengka oge kuningan, sanajan basa make cara
walanda, karesidenan mah baheula, kuningan majalengka asup ka cirebon.

ari soal barat mah, di sumatra oge aya sumatra utara, tapi di utara deui
aya aceh. jadi medan teh ibukota sumatra (rada) utara) heuheu.


mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com

Lereus saur kang irpan (hehe.. mirip nya' ngaranna, mun abdi mah irfan).
Abdi mah sepakat lah upami ngaran Jawa Barat digeuntos ku Pasundan. Pan
ayeunaƂ Banten tos misah ti Jawa Barat. Saurna mah upami bade ngageuntos
ngaran ka Depdagri, ribeut pisan... Kumaha atuh, atawa urang nu ayeuna aya
di milis, ngawalan usul ka sadaya Walikota/Bupati Sa-Antero Jawa Barat???



----- Pesan Asli ----
Dari: irpan rispandi

tah geuning.
aya ideu

PROVINSI PASUNDAN !!!

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links








Reply via email to