Lamun nengetan serelek di ieu forum sok sering mucunghul tulisan nu migunakeun kecap 'numawi'. Ngan uing sok rada 'getek' macana, sabab ngalarapkeun eta kecap teh sok pahili wae jeung kecap 'manawi'. Hayu urang toong geura dina buku Rusdina, naon harti eta kecap teh.
1. NUMAWI KUBS: matak, nu matak, nu mawi (lemes), sababna mah ... Kunaon Ki Nonggerak nyumput? Nu matak borangan jigana manehna teh. KBS: matak, nu matak, numawi (lemes), lantaranana. Kumaha nu matak kitu? 2. MANAWI KUBS: manawa, manawi (lemes), sugan. Sugan aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh? Wanawi aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh? KBS: manawa, manawi (lemes), sugan, mamanawaan, susuganan. salam, mh