dina basa sejenna mah tiasa kieu meureun ceu.

a: sugan apal, lebah mana jl otista?
b: puguh kuring ge teu apal...

numawa bisa jadi puguh nya? heuheu... acan aya tah dina kamus tah haha...

On Mon, Jul 21, 2008 at 9:17 AM, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Sakapeung abdi ge sok nitenan, aya pertarosan "manawi" diwaler ku
> "numawi".
>
>
>
> A: Manawi terang, palih mana Jl. Otista?
>
> B: Numawi abdi ge teu terang…
>
>
>
> ro2
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 07/20/08 09:31PM >>>
> Lamun nengetan serelek di ieu forum sok sering mucunghul tulisan nu
> migunakeun kecap 'numawi'. Ngan uing sok rada 'getek' macana, sabab
> ngalarapkeun eta kecap teh sok pahili wae jeung kecap 'manawi'. Hayu
> urang toong geura dina buku Rusdina, naon harti eta kecap teh.
>
> 1. NUMAWI
> KUBS:
> matak, nu matak, nu mawi (lemes), sababna mah ...
> Kunaon Ki Nonggerak nyumput? Nu matak borangan jigana manehna teh.
>
> KBS:
> matak, nu matak, numawi (lemes), lantaranana.
> Kumaha nu matak kitu?
>
> 2. MANAWI
> KUBS:
> manawa, manawi (lemes), sugan.
> Sugan aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh?
> Wanawi aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh?
>
> KBS:
> manawa, manawi (lemes), sugan, mamanawaan, susuganan.
>
> salam,
> mh
>
>  __.
>


-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke