Wah nyaan, eta karek keur tingkatan walikota nya. Sakumahaeun teuing biaya politik Indonesia (34 partei tea kitu? sabaraha waragadna nya? ulah jauh-jauh heula, materaina wae heula, sigana ratusan juta).
Nitenan calon walkot Bandung, utamana eta kang Taufik, tetela manehna. Akhir-akhir ieu, lamun ningal potret anjeunna (anu ngarendeng jeung Abu Syauqi) mindeng tatanya jero hate, moal kitu ieu teh kang taufik balad baheula basa keur mentoring heuheu. Rada teu pati yakin teh pedah baheula mah asa rada begang. Tetela geuningan leres anjeunna. Nya moal nanaon, ieu mah ngebrehkeun perkara "tetela" wae. Pamugi henteu aya anu nganggap catetan ieu teh promosi atawa kampanye. manAR On Tue, Jul 22, 2008 at 2:39 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Malem minggu kamari panggih jeung kang Juniarso Ridwan, panyajak nu oge > kepala dinas tatakota bandung, acarana mah kabudayaan > > Di GSPI, galeri seni Popo Iskandar (mertuana) di ledeng the payuneun of UPI. > Aya acara baca puisi, musik, silat, jsb. > > Malah aya Oneng Rieke Diah Pitaloka sagala, maca dua tilu sajakna. > > > > Ngobrol soal calon walkot da kabeneran aya Ayi Vivananda (pdip), calon wakil > walkot pasangan Dada Rosada (golkar). > > Pasangan ti partey aya dua, PAN-PKS (Dr Taufikurrachman, dosen biologi itb > jeung abu syauqie), Golkar-PDIP (Dada Rosada jeung Ayi Vivananda), jeung ti > independen 1. (poho deui, Hadi asana singkatanana) > > > > Pikeun calon walikota bandung non-partai, pan aya aturan kudu meunang > dukungan ti 50 rebu urang. > > Teu cukup ku tandatangan, tapi jeung pernyataan dukungan nu make materai @ > rp. 6.000 > > Jadi mun 50.000 urang x 6.000 = Rp. 30.000.000 > > > > Meureun teu kitu wungkul. Kudu ari nasi bungkus mah. > > Ayeuna aya partey nu masang baliho, narima pendaptaran ti umum pikeun calon > legislatif alias dprd jeung dpr. > > Meureun carana kudu setor heula. Teu bisa ukur ngacung. > > > > Jadi teu aneh pangna aya babasan bahasa amrik, be a rich then a politician > > Ongkos politik teh muahaall > > > > Syukur mun ancrub ka pulitik teh dumasar kana idealisme hayang ngamajukeun > nagreg atawa teu nanaonlah > > Ngan ukur pikeun aktualisasi diri cek Abraham Maslowna, da geus beunghar, > naon deui, kari sohorna mun can sohor. > > > > Mun ti jalur artis, sohor enggeus, duit ge meureun merekis, nya sarua kitu. > > > > -- > > Tapi da si kuring mah moal nyoblos, da urang kabupaten bandung barat J > >

