M E R E 
Ditulis Ku: Kebo Hideung -Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya #Juli 
2008

Kunaon Lo nguyung kitu? jiga keur boga kasusah.
Ah..geuleuh uing mah Mang..jaba campur sebel hayang utah ningali 
beungeutna oge !
Har..ari Alo.. hayang utah mah atuh tinggal utah, tong dihenghem 
kitu kalahka matak lieur kana sirah.

Mang...! ieu mah lain hayang utah jiga anu mabok dina beus, tapi...
Tapi naon Lo..?
Enya we..uing teh sebel ka si eta teh !
Ka saha Lo ? sing jentre atuh ngarah teu jadi fitnah.

Kasaha deui atuh Mang mun teu ka si wadah runtah mah.
Tuh nya Alo mah teu puguh, sagala disebut, saha atuh maksud teh ?
Eta si Ewok Mang, pikasebeleun jaba matak ngerakeun jalmana..!

Ari kitu pedah naon Lo, jiga anu ambek pisan?
Kieu Mang caritana mah...
Cikan kumaha Lo...sok nyalse we ngobrolna
Basa kamari kapanan aya tamu ka bumi mama ajengan
Tamu timana kitu?
Ah..duka teh teuing tamu timana-mana namah, da eta tamu teh 
disuguhan beuleum lauk gurame jeung sagala rupa.
Tuluy kumaha ?
Nya pondok caritana mah si tamu teh taruang we balakecrakan, bakat 
ku loba tuangeun, nya nyesa we gurame jeung nu sejenna teh.

Tuluy hubungana jeung si Ewok naon Lo?
Tah eta anu matak pikaseueuleun teh..
Enya atuh naon Lo..?
Tah..sisa tuang tamu teh diringkid ku si Ewok kabeh teu nyesa, 
tinggal wadahna Mang..!  Coba emut ku Amang pan matak ngerakeun...!

Ha.ha.ha.ha.....sugan teh kunaon ha.ha.ha.ha...
Naha Amang kalahka seuri..?!
He.he.he...hampura Lo..lain nyeungseurikeun Alo ieu mah, tapi hayang 
seuri ku kalakuan si Ewok amang mah.
Ah..nukitu mah boro-boro matak pikaseurieun Mang, nu puguh mah matak 
hayang nalapung.

Enya Lo saliwat mah kalakuan si Ewok teh pikasebeleun, hese Lo si 
eta mah geus adat ka kurung ku iga, lain carekeun tapi maklumeun si 
Ewok mah.
Kieu Lo... hirup mah tong sok hayang dibere, tapi hirup mah kudu 
bisa mere ka batur, hartina salengkah-lengkahna urang teh kudu bisa 
mawa atawa mere mangfaat keur batur, Insya Allah hirup urang moal 
ngarasa kakurangan.

Ah..da uing mah teu hayang dibere gurame, komo eta gurame pasesaan..!
Enya matakna geus tong dipikiran, da moal matak ngabalikeun deui 
gurame anu dibawa ku Si Ewok, ayeuna mah mending syukuran, Alo mah 
teu dibere gurame oge kapanan boga di balong, tuh ting suruwuk 
meupeuskeun cai anu sakitu herangna.

Hmm..enya nya Mang, naha uing teh bet boga hate sirik ningali 
polahna Kang Ewok, padahal uing mah gurame oge tinggal nyiuk di 
balong.

Tah alus atuh ari geus kaharti mah, sok anggur mah bere tah si Ewok, 
karunya kapanan manehna mah teu boga endol-endol acan komo balong 
mah. Jaba si Ewok mah budakna oge reuay, atoheun geura dibere gurame 
anu sakilo oge.

Ah enya Mang kuring rek mere kang ewok, itung-itung panebus dosa, 
dupi si Bibi resep gurame?
Ihh...puguh we atuh Lo, ari gurame mah kasedep manehna ti jaman 
leutik mula.
Ke atuh sakalian nitip kaanggo si Bibi sina dipasak.
Ah..teu kudu Lo..tapi ari Alo ridho mah teu nanaon hehehehe...

Antosan sakedap nya Mang, uing ngala lauk heula.
Enya jig atuh..ku Amang didagoan di warung.
=====================================================


Kirim email ke