TUKANG HAYAM

................ sakapeung mah sok ngarasula, lamun keur ngurilingan komplék, 
na ari batur, rét ka garasina ngajugrug isuzu, rét ka paviliunna ngajogrog 
volvo, rét ka tepasna ngadérét chevrolet, sedengkeun kuring, sapédah ontél deui 
sapédah ontél bari jeung sakapeung mah sok bau tikotok kawantu tukangna 
dikongkoyangan wadah hayam..............................

 

.................nék teu cinlok kumaha, papanggih unggal poé jeung hayam éh 
lain kétah jeung nu balanja hayam maksud téh. .......... asa geus bau-bau bosen 
deuih, geus horéam unggal poé jadi pelaku sadismeu, tiap janari nu digawéan téh 
kécécét deui kécécét deui meuncitan hayam malahan aya nu dimutilasi 
sagala..........................

 

.......................unggal poé ngajirilingkeun sapédah ontél ngurilingan 
komplék, unggal poé ogé aya langganan nu ngungudag bari gugupay terus nyalukan 
"Hayaaaaaammmm!,  Najan haté mentegeg, daék teu daék kudu gancang 
disampeurkeun, bari jeung tetep paroman mah kudu disetting soméah. Geus resiko 
jadi tukang hayam, kudu rido disebut .....................

 

Lila-lila mah sadar, jadi tukang hayam teu kudu aral teu kudu ngarasula, da 
nasib jalma mah béda. Najan sapopoé jualan hayam keliling anu hasilna teu 
sabaraha, najan can boga pom béngsin nepi ka 
opat...tapi..tapi..............................

.............Lah dasar milik, teu boga pom béngsin opat, keun waé lah nu 
penting sarua............................ 



kulantaran rada panjang laér salengkepna mangga klik di 
www.keomsakedap.multiply.com



syam ridwan


Reply via email to