Nu karasa ku kuring memang kitu di kota mah,tapi ari diembur anu ceuk urang 
kota mah ,dikampung, henteu kitu.
Masih loba anu nyebut punten,ngiring ngalangkung lamun manehna ngaliwat ka 
buruan, atawa nyebut bade angkat kamana bari roman anu marahmay, mun paamprok 
di jalan.

Nya numatak kitu, kuring sok ngarasa bungah jeung hate tengtrem, lamun aya 
kasempetan balik kalembur, ngarasa yen geuning hirup teh lain ngan ukur ngudag 
ngudak harta.

Ari di kota, sigana nya kitu tea, hirup 100 km/jam.jadi taya waktu keur someah 
ka tatatangga, da kaperluan eusi peujit teu weleh ngungudag.

Tapi sigana, lamun kaayaan ekonomi masyarakat sacara umum geus leuwih ti cukup, 
bisa loba waktu keur hirup kumbuh, loba waktu keur kalangenan, boh keur seni 
atawa olah raga, sigana watek babawaan urang sunda bakal leuwih eces. 
Hade katatangnga, someh ka semah

tata

--- Pada Jum, 25/7/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Dari: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: [Urang Sunda] kakuatan kecap
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Tanggal: Jumat, 25 Juli, 2008, 1:44 AM










    
            Enya nya leres..masyarakat urang teh keur gering..teuing gering 
naon..euweuh etika tata krama..koret maaf jeung permisi...ego individual 
tinggi...embung disalahkeun. .teu ngarasa salah...rada2 ngajurus kulantaran 
duit sagala okey....mun batur nyebut "excuse me'..urang mah "not me"....Pernah 
sim kuring ramah2 ka awewe di toko Gramedia...malah disangka rek..ngagoda. ..ti 
kajauhan manehna ngalirik bari curiga jeung rada nyibir.....



On 7/24/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED] id> wrote:






Kecap-kecap Ajaib.

Dina widang komunikasi, hususna widang iklan, kabuktian yen 
kecap-kecap "FREE" atawa "Gratis", jeung oge kecap "NEW" 
alias anyar, ngabogaan daya pikat nu pohara dibandingkeun 

jeung kecap-kecap sejenna. Kaampuhan dua kecap ieu salaku 
'stopping power' loba pisan ngabantu ngalahirkeun produk-produk 
anyar nu sabenerna mah, cukang lantaran kamajuan tehnologi 
nu sumebar teu ngabogaan kaunikan utama jeung produk 

sarupa nu tos aya di pasar.

Stopping Power dina wanda visual oge aya, nyaeta: bayi lucu, 
istri bahenol. Tapi iklan mung bagian leutik tina pamasaran, 
jeung bagian leutik pisan tina kahirupan.


Dina kahirupan sapopoe aya dua kecap nu pohara "powerful" 
tapi mangkin carang dipakena. Dina salah sahiji milis, pernah 
kabaca soal nu narik ati madungdengkeun dua kecap ieu. 

Dina buku nu judulna "The Great Spirit", nu ditulis ku Prie GS 
husus nalungtik kalayan jero pisan dua kecap ieu dimana nu 
makena teu kudu mayar hak paten, tapi tetep bae mangkin 
teu jadi populer.


Dina milis insan periklanan aya nu nulis ihwal rapat jeung KPK. 

Salah saurang nu hadir nambut korek gas keur nyundut rokona 
terus ngabalikkeun deui korekna bari teu aya basa teu aya carita. 
Salah saurang pupuhu KPK negor jalma eta:" 
Naha anjeun teu nganuhunkeun ka si B [nu nulis posting]?".

 Terus pupuhu KPK eta teh neruskeun:"Inget, di dunya teh aya 
dua kecap nu mana urang teu meunang koret. Nu kahiji "PUNTEN" 
nu kadua "NUHUN". Kunaon kudu koret? Dua-duana ge gratis!".

Ti barang leutik, untungna  kuring dididik dina lingkungan kulawarga 
nu salamina ngaluarkeun dua kecap eta, oge terus ditepakeun ka 
barudak. Tapi sering pisan barudak kuciwana. Sering kuring sadaya 

balanja, saentas mayar di kasir terus nyanggem "Nuhun", 
tapi kasirna ngabetem bae. Atanapi di super market pinuh, 
keur jongjon ningalian barang-barang nu dipajang, kasenggol nu lian. 
Terus urang ngalieuk kulantaran kaget, eh da kilangbara nyebut 

"punten", malah molototan.

Di jalan, perjuangan teh mangkin beurat.
Tiap spion mobil kasenggol ku motor, boro-boro nyebut "punten" 

atawa gugupay mere isyarat 'punten, teu dihaja', eh ieu mah 
da si akang teh terus bae ngabur. Masih mending ketah, 
teu molototan di balik kaca helmna nu poek bari 
ngagerung-gerung gas motorna.


Cobian bayar tol terus ucapkeun "nuhun". Urang itung sabaraha 
urang patugas tol nu ngajawab:"sami- sami" atawa "sawangsulna" .


Padahal urang teh kakoncara salaku bangsa nu ramah jeung sopan. 
Di Amrik bae, urang bisa-bisa matak era parada, lantaran ngan saukur 
meuli roko bae, si kasir geulis bule teh ngaberele:

"Thank you. Come again. Have a nice day..."

Aya deui nu unik dongeng babaturan. Turun tina ojeg [biasa Jakarta macet], 

terus manehna nyebut:"Terima kasih, Bang". 
Bang Ojeg:"Ah Bapak, pake terima kasih segale. Kan situ membayar"  
He.. he.. he...


Dina hiji poe kuring milu turnamen golf di Rancamaya. 
Saperti biasa isuk-isuk sok rame antri ka locker. Saperti biasa oge 

kuring kapok antri bari ngalamun pami ngantri di tukangeun nu sejen. 
Soalna tos sababaraha kali panto locker dileupaskeun kitu bae ku jalma 
hareupeun kuring, tangtu bae ngabadug kana irung. Sapertina taya 
kabiasaan urang pikeun ngalieuk ka tukang, mariksakeun bisi aya nu 

lian terus nahan panto supaya teu ngabadug. Harita ge saperti biasa, 
kuring taki-taki bisi panto dileupaskeun. Tapi bapa-bapa tengah tuwuh 

di hareupeun kuring, ngalieuk ka tukang, nahan panto dugi ka kuring liwat.
"Nuhun, pa"
Sami-sami, yi.." 

Di locker nu koridorna heureut, kuring keur masang sapatu. 

Puluhan jelema, teu Korea teu Jepang, bule oge Indonesia 
ngaliwat sangeunahna bae. Kuring tara protes deui, da tos biasa. 
Meureun kabeh ge rusuh, kulantaran sakeudeung deui tee off.
Tapi aya hiji nu ngalangkung: "Punten yi, tiasa ngageser sakedik?"
"Mangga", bari dilieuk. Eh, si bapa nu tadi tea.


Kabeneran deuih kuring maenna sa-pairing jeung anjeunna. 
Sihoreng anjeunna teh pangusaha 'super sukses' nu lebet 

kana daftar jalma beunghar Indonesia majalah GLOBE.

Pami ceuk batur, sukses teh buah tina giat gawe jeung 'attitude" 

mangka si bapa ieu tos ngagaduhan satengah amunisi. Soal giat 
gawe, urang teu terang, kulantaran anjeunna can ngaluarkeun biografina

Meureun aya hadena urang langkung sering ngagunakeun dua 

kecap nu hebat eta sareng gratis tea. Muga-muga bae nagri urang 
bakal leuwih adem ayem. Insya allah....... .
 
 


      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      
___________________________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke