Consumer Insight dinu Widang Telekomunikasi

Mun ngareungeu FMCG atawa ceuk basa kerenna mah Fast Moving Consumer Goods 
pasti wae urang nunjuk ka hiji banda nu ngaranna kadaangan. Sabab Nu ngaranna 
kadaangan geus jadi hiji pangawutuh sapopoe. Ieu kadaangan teh bias di 
segment-segment deui kawas bagian Category kue-kuean, Coklat jrrd.

Nu kungsi ningalian ATL (Above The Line) kawas TVC pasti urang sok nonton aya 
hiji nu ngiklankeun sarupaning coklat, kue wafer, suuk/sukro tea. Tah ieu the 
salahsahiji strategi Marketing keur ngabewarakeun product manehna, nu mana tiap 
FMCG teh geus nga-Budget Trade Promo na bisa ngaliwatan ATL atawa BTL malihan 
mah aya nu 360 darajat make Integrated Marketing.

Jeung na deui hiji pausahaan FMCG the ngaluarkeun hiji product (SKU) teh loba 
varianna, kunaon kitu. Dina salahsahiji sumber ti AC-NIELSEN yen di hiji
 nagara deungeun aya nu ngaranna produk Pet atawa sasatoan tea. Didinya 
teuteula loba jasa geuningan produk Pet teah, aya nu ngaranna Category Food 
Pet, Category Snack Pet, jeung Category Toy Pet.

Tidinya di break down deui Category Food Pet teh, aya Wet Food jeung Dry Food, 
sanggeus kitu di break down deui aya nu rasa coklat, tawar jrrd. Kunaon loba 
jasa ragamna mereun nu ngabogaan sasatoan mah hayang nyobaan rupa2 rasa jeung 
meh teu bosen. Didinya disebutkeun oge Growth category ieu nepikeun 20 
prosen-nan.Tapi hebat pisan dibaturmah sasatoan teh geus kawas jalma pisan.

Sagedengan ti eta oge aya oge nu ngaraana FMCG teh geus ngarambah ka dunia 
obat-obatan. Atawa ceuk basa kiwari ne mah disebut OTC atawa Over The Counter. 
Kunaon obat-obatan teh geus bebas dijual malahan mah di warung-warung. Saapal 
kukuring mah OTC teh lain obat-obatan nu make resep ti doktor nang sarupaning 
obat-obataan kawas obat tetes mata kawas Visine, obat cacing kawas
 Combantrin obat batuk kawas Benadryl obat nyeuri beuteung kawas Kopectate obat 
salatri kawas Mylanta.

Tah mereun loba keneh OTC oge nu acan dijabarkeun diluhur.  Salian ti OTC FMCG 
ge keur hiji pausahaan aya nu ngabogaan productna nu basa kerenna Oral-Care. 
Mun urang break down Oral Care teh loba jasa samodel Toothbrush, Mouthwash, 
Breath Freshning, Toothpaste, Dedicated Whitening, Dental Flosh and Flosher. 
Tah mun hayang apal produkna kawas Listerine, Sikat Gigi OralB, Pasta gigi 
Enzim. Atawa mun nu sok shopping mah mangga weh mun ka 
Hypermarket/Supermarket/Minimarket  nganjang ka hiji gondola keur husus 
OralCare.

Wah mun kitu mah geus rada kabuka naon ari FMCG teh lain nang ukur kadahareun 
doank, tapi kiwari FMCG teh geus asup kanu widang Telekomunikasi, hag siah aing 
mah sok nyanyahoan. Kajeun weh ngaranna oge pandapat. Kunaon kitu, urang benjer 
beaskeun weh, sakalian nyanyahoan sugan weh bener mun salah pang beneurkeun ulah
 ngajakan geulut jeung uing da ngaraanna oge nyanyahoan.

Di hiji wewengkon nu ngaranna Cidangiang aya hiji counter AlCell. Didinya sok 
aya nu ngaranna Manager Counterna nu ngaranna Dani. kabeneran uing wawuh jeung 
manehna tibaheula keneh. Sok komo mun geus daang di Mang Ocid nu mana dahar 
pake hayam jeung sangu teh nang 5 rebu komo deui mun pake gorengan mah tambah 
sayur sok di haratiskeun.

Sanggeus dahar di mang ocid uing sok hang-out di eta counter, laju weh bari 
ngobrol jeung nu lianna. Di eta counter aya etalase nu eusina nyaeta voucher 
pulsa keur jaringan selular kawas GSM jeung CDMA aya oge jualan kartu 
perdana-na. Tah komo nu praktis mah tinggal make voucher electric tea. Salian 
ti eta oge di ALCELL ngajualan merchandise hapena kawas HeadSet, Casing, 
Charger, Battery hape. Eta Merchadising teh keur rupa-rupa hape ti Nookia, 
SonyErickson, Samsung, Siemens, Motorola jrrd.

Nang biasana nu meuli merchandisinng kawas kitu mah
 reg_movement na rada leutik sabab eta mah banda asesoris jadi  kapeungan nu 
meulina. Beda jasa jeung voucher atawa perdana mah. Sok komo kiwari keur perang 
tarif. Kungsi di hiji milist nungaranna Creative Circle Indonesia dibahas hiji 
POC (Point of Contact) nu mana eusina hiji operator ngajejeleh operator lianna 
padahalmah POC eta teh tatanggaan.

Salian ti POC ge, operator geus loba jasa dinu TVC mah ngeunaan manehan pang 
murahna aya nu diwatesan ku waktu, aya oge nu diwatesan ku per nelpon doanks. 
Malihan mah tarifna oge aya nu diharatiskeun. Nang hebat na TVC na teh creative 
pisan jeung bisa mere product knowledge ka consumer nu meuli jadi weh mere WOM 
(Word of Mouth) nu mere effect postif ka babaturanna.

Mun kuuing diperhatikeun basa cicing di eta counter teh segment tiap nu meuli 
voucher hususna loba pisan, aya nu dewasa, jeung abege. Ilaharna ari nu dewasa 
mah sok ngabogaan kartu telkomsel. Ari barudak abege mah biasana sok
 neangan operator nu value added na murah kawas im 3 atawa Xl. Aya oge nu  nu 
ngabogaan dua hepeng teh nu hiji CDMA nu hiji deui GSM, ilaharna nu sok make 
double kieu mah awewe nu gawena kawas SPG, MD atawa TL.

Cuek Mgr. Alcell ieu mun dirata-rata nu meuli voucher teh sapoena aya kanu 30 
urangan-an. Da based on data administrasina masih make tulisan dinu rekapan. 
Mun kuuing di tengetkeun rata-rata nu loba meuli voucher teh nu make im3 bisa 
kanu 20 urangan, jeung mun ningali dinu value voucherna rata-rata loba nu meuli 
paket 5000. Kunaon loba jasa nu meuli paket 5000 segedengeun ti 10000 atawa 
20000.

Mun ditingali paket im3 teh nawarkeun paket voucherna nyaeta nu Regular nyaeta 
nu biasa wae, paket sms nu keur beuki sms-an ieu alus pisan sabab murah mun 
sms-an ka sasama indosat laju aya oge nu paket nelpon nu mana paket ieu murah 
pisan keur nelpon sasama operator. Aya oge nu paket nawarkeun kawas kieu teh 
nyaeta XL nu mana mun urang
 daftar sms gratis 120 , urang bisa make sms eta ka kabeh operator nang tiap 5 
poean dipotong pulsa urang 5 rebu.

Tah sakapeung mah uing mun cicing didinya teh sok ningali si consumer teh aya 
oge nu ngabogaan kartu perdana GSM teh tilu, kusabab dumasar kawutuhanna, jeung 
na deui panan loba babaturanna nu make sarupa operator, sok komo murah jasa mun 
sms-an teh. Jeung nu rada aheng mah barudak abege kiwari mah mun nulis sms teh 
ngetikna bari teu ningali iwal ku jempol mencet button di hape mah kawas ngetik 
make kibot dinu kompi 10 jari tea.

Sakapeung mun cacahan jeung Mgr. Alcell uing sok tatanya ngeunaan bisnis kawas 
kieu teh, cenah mah kungsi aya urang salahsahiji operator nu mana model Trade 
Marketingna mere POS (Point of Sales) sarupaning banner, atawa korsi. Tapi aya 
oge nang saukur nyatet pangawutuh hiji counter hungkul.

Laju deui mun diittung deui bisnis nu kieu mah urang kudu nyetok pulsa jeung 
perdana saloba-lobana, samodel
 voucher electric mun bisa mah urang meuli teh saloba-loba, sabab rata-rata aya 
nu nyetok voucher teh nang 800 rebu sa chipna, jadi rata-rata balanja 
samingguan teh aya kanu 5 juta-an kabeh chip teh. 

Mun ngomong soal profit na kudu ningali tinu quantity-na lain value, sabab mun 
ngajual voucher kawas electric paling valuena 1000-an, tapi mun rata-rata 
kajual 20 voucher sapoe tinu hiji operator tinggal itung weh 1000 kali 20 
nyaeta 20 rebu kali babaraha operator bisa kanu 100 rebu leuwih sapoe. Laju 
urang itung deui mun aya nu meuli kartu perdana sapoe opat kali 7 rebu-an aya 
kanu 35 rebu. Jadi untungna sakitu.

Tah tips ti Mgr. Alcell teh cenah mun urang bisa nyetok pulsa nu loba, laju si 
pulsa teh panan sok rubah-rubah hargana, didinya urang rada geunah pisan sabab 
urang geus nyetok jeung dijual ku harga nu beda jasa. Didieu oge urang kudu 
make Trade Promotion Counter urang kucara ningalian harga ti competitor sabab 
bisa jadi maranehna
 nurunkeun harga tibatan harga di urang.

Ayeuna mun ngomong-ngomong consumer insight-na, kunaon meuli pulsa geus jadi 
FMCG tea. Kahiji harga voucher kiwari geus murah jasa sabab voucher teh geus 
loba nu murah kawas 5 rebu, sarebu jeung sapuluh rebu. Kadua mun ngomong 
ngeunaan komunikasi leuwih irit coba weh urang bayangkeun ceuk kang darso dina 
laguna kabogoh jauh

“ boga kabogoh jauh, meuntas laut leuweung gunung ”
“ tapi apel teu bingung cukup halo na telpon ”
“ kuring di pulo jawa manehna pulo sumatra ”
“ lamun malem mingguan mojok dina sms-an “
.......

Tah daripada urang ngaluarkeun duit loba jasa mendingan nilpun wae, sabab aya 
operator nu nawarkeun ngobrol sampe puas was was. Jadi nang ukur 5 rebu bisa 
ngobrol leuwih ti sajam sanajan ceuli bereum oge, nu peunting mah bisa ngobrol 
jeung manehna sanajan pulsa kabobolan oge.

Tos heula ach cape .
Cag Ach

Yayan
 Mulyana
www.balebat-online.com





      __________________________________________________________
Not happy with your email address?.
Get the one you really want - millions of new email addresses available now at 
Yahoo! http://uk.docs.yahoo.com/ymail/new.html

Kirim email ke