690. Ti Abu Sa'id Al Khudri RA, anjeuna nyarita," Rosululloh ngadawuh,
"Saestuna jalma nu paling goreng di sisi Alloh dina poe kiamat nyaeta
salaki jeung pamajikan anu sapatemon terus nyebarkeun rusiahna (HR
Muslim)
 
693. TI Tsabit ti Anas, anjeuna nyarita, Rosululloh nyampeurkeun kuring.
Mangsa eta kuring keur ulin jeung barudak. ANjeuna ngucapkeun salam
jeung nitah kuring hiji kaperluan. nepi ka kuring telat datang ka indung
kuring. Waktu datang, indung kuring nanya "Naon sababna maneh telat
datang?" Kuring ngajawab "Rosululloh nitah kuring hiji kaperluan" Indung
kuring nanya deui "Kaperluan naon?" Kuring ngajawab " Eta rusiah" Indung
kuring nyarita "Mun kitu maneh tong nyaritakeun rusiah Rosululloh ka
sing saha oge" Anas nyarita," Demi Alloh, lamun kuring meunang mere
nyaho rusiah eta ka sing saha wae, pasti kuring bakal mere nyaho ka
anjeun Tsabit" (HR Muslim)

Reply via email to