inget baheula, waktu sok dipiwarang ngarencangan ngendong di bumi nini.
biasana mah  sok diendongan ku leuwih ti limaanana putu nini teh nu sok 
ngarencangan
unggal wengi, ma lum bumi pala putrana teu sirikna ngariung di lembur 
harita teh.
sa tos dipangaoskeun quran atawa wawacan [asana mah wawacan poernama alam,
kalandepna teh], sok ditungtungan ku masihan papagahan dina 
nyanghareupan hirup
teh, tapi osok oge diselingan ku dongeng nu lucu. eta bae sok 
ager-ageran ari ngupingkeun
dongeng nini teh. ari keur kuring mah nu harita masih keneh budak pisan, 
sok milu seuri bae,
bari sanajan can ngarti oge - milu seuri nurutan nu gede sareuri.

salah sahiji dongengna teh, mun dipaprah mah kieu geura [ma lum harita 
mah can ngarti];
kacaritakeun gunem catur ewe salaki nu karek boga budak, dimana 
pamajikanana teh
protes ka salakina saentas ngalahirkeun nu cek inyana mah kacida 
nyerina. nepi ka menta ka
salakina supaya "bobogaan" salakina teh dipotong bae. atuh dina awalna 
mah salakina nolak,
piraku barang hiji-hijina kudu dipotong? tapi pamajikanana keukeuh 
supaya dipotong, nepi ka
ceurik-ceurik. nya tungtungna salakina ngelehan, leos bae indit ka leuit 
[apal leuit?
masih aya teu nya ayeuna leuit?], maksudna rek motong "bobogaanana".

geresel bae hulu cucurut [anak beurit] teh dipotong, terus dibawa ka 
imah ditunjukkeun ka
pamajikanana, "tah ieu nyai, huluna ku kang tos dipotong". "cik kuring 
ningali", tembal pamajikanana.
bari ditampanan, terus diilikan. katingal cucurut teh aya panonna 
leutik, bari pok,"geuning aya panonan
kang, paingan atuh awas bae sanajan dinu poek oge". terus karampa 
kumisna rada panjang,
"paingan karasana ku nyai rada getek-getek, da aya kumisan, nya?". "itu 
deuih, aya huntuan. paingan
karasana teh gegerenyeman, da itu huntuna laleutik".

tah kacaritakeun saatos opat puluh poe, pamajikanana teh noel ka 
salakina, maksudna mah "nagih".
atuh ari salakina rada-rada "tahan harga", bari ngomong, "pan baheula ge 
tos dipotong ku akang?".
jawab pamajikanana,"atuh sugan aya tunggul-tunggulna mah, kang....."

[paingan nya ari istri, majar nyeri ngalahirkeun teh. tapi sok del deui 
del deui. beda jeung kuring
bener disunatan teh nyeri -nepi ka pendarahan- matak embung ngadua kalian]

Reply via email to