Leres pisan, abdi ge mani gemes..., sok we tingali bupati sumedang ayeuna.. 
saurna mah ti PDIP sanes urang sunda cenah, komo deui urang sumedang mah.

Kukituna mangga atuh ka urang sunda teah , ny akaasup urang sadayana urang 
ngawitan merhatoskeun jeung ngutamakeun urang sunda. Engke tong hilap dina 
pamilu 2009 kedah ngutamakeun urang sunda, kanggo wakil di dprd tk 2, tk1, 
sareng di DPR RI. Margi upami suara urang dibikeun ka urang luar mah, tangtuna 
maraneh nateh ngan saukur ngiyeum tempat pamilihan, geus di dpr mah sigana teh 
moal inget2 acan.

Nyuhun keun pido'a na wae, abdi ge ieu teh nuju di tawisan ku partai anyar, 
kanggo ngawakilan wilayah sunda Jabar-9 (subang, majalengka, sumedang) kanggo 
di DPR RI. Tapi abdi masih ngemutan, jeung kedah tos yakin kanggo persiapanana.

wassalam,

Kang Jaja

--- On Wed, 8/13/08, Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangan - jeung kamarana paminpin ti urang sunda ?
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Wednesday, August 13, 2008, 3:02 AM










    
            leres kang.. sok ramisak abdi mun geus nyetel lagu eta..
enya sok difikir2 mah loloba urang sunda naha bet siga dikabayan nya
resepna kana engkal jeung humandeuar
nu akhirna lilalila jadi linu... 

urang sunda dina kancah ayeuna lolobana ukur jadi tukang kumawula
boh di departemetn boh di DPR
boh DIpartai
sok ilikan we di PDIP wilayah jawa barat oge pamimpinan lain urangsunda



On Wed, Aug 13, 2008 at 4:05 AM, jtriharja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

















    
            Punten, abdi anggota enggal di milis urangsunda. Nami mah biasa di

panggil Kang Jaja, asli ti Sumedang (kampung Batukarut Cibeureum, kac,

cimalaka.



Abdi katarik pisan kanggo ngiringan urung rempug di komunitas urang

sunda. Abdi, ayeuna teh nuju mikiran jeung aya kahayang ngagerakeun,

kumaha urang sunda teh nu jumlah pendudukna teh sarua jeung jawa timur

(30 jutaan leuwih), tapi can aya nu bisa jadi pamimpin nasional, komo

deui presiden mah, can aya pisan. Wakil presiden we pernah sakali Bpk.

Umar Wirahadikusumah tea. Boro-boro presiden jeung wakilna, menteri di

kabinet SBY-JK ge bisa disebut teu aya urang sunda. Abdi tos malire ti

kabinet sateuacana, sarua wae urang sunda teh bis adisebut can aya nu

jadi pamimpin atawa menteri tingat nasional.



Sok urang emutan, jakarta teh aya na di wilayah jawa barat, jumlah

panduduk pang lobanya sarua jeung jawa timur, nah ari pamimpin nagara

jeung eusi kabinetna dicicingan lolobanamah ku urang seberang. Pan ieu

teh, teu asuk akal. Ieu teh nunjukeun kacida lemahna urang sunda. Hayu

urang babarengan ngahudangkeun calon-calon pamimpin bangsa.



Kudu namah, urangsunda ti jawa barat loba pisan nu adi anggota DPR RI,

jaradi menetri. Presiden atawa wakil ge, saleresnamah bisa wae ti

urang sunda, da penduduk nage kaasup panglobana di anatara provinsi nu

aya teh. Mun geus loga nu jadi wakil rakyat mah,ke gampang rek asup ka

kabinet atawa ngiluan bursa capres jeung wakil.



Punten, sateuacana abdi rada tog mol (ujug-ujug). ..

Hayu urang hararudang (bangkit), para pamimpin ti tatar sunda...

Mangga bilih bade ngiring sumbang saran tiasa oge di blog

urangsundakamana. blogspot. com. atanapi bangkitpasundan. blogspot. com.



Abdi emut kana sabagian lirik lagu Kang Doel Sumbang :



Urang sunda ka marana

Urang sunda di marana

Urang sunda, urang mana

Urang sunda, Anjeun saha



Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa

Naha ngan saukur lalajo bari tumenta

Gancang geura hudang buka ceuli buka mata

Geura tembongkeun urang sunda oge bisa



Tembongkeun urang ge bisa mela nagara

Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin

Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa

Lain saukur bisa unggut jeung kumawula



Hatur nuhun



Kang Jaja

jajatriharja. web.id




      

    
    
        
        
        
        


        


        
        
        
        
        




-- 
------------ --------- --------- --------- --------- --------- --
AGUS PAKUSARAKAN
 08128377662
www.smarthubtech. co.id ------------ --------- --------- --------- --------- 
--------- --

www.independen. wordpress. com
www.inkas.wordpress .com
www.garut0262. wordpress. com

www.azzoman. indonetwork. net



      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Reply via email to