Wilujeng enjing, kang budy

Ø  Upami masih dalam satu wilayah kerja, dalam artian Wajib Pajak ngalih
tapi masih dalam wilayah kerja kantor pajak anu sami

1.       Kartu NPWP nu lami difotokopi

2.       Ngadamel Surat Permohonan nu eusina nyuhunkeun cetak ulang Kartu
NPWP

3.       Surat Permohonan ditulis dalam Bahasa Indonesia yg baik & benar,
dan ditandatangani (punten ieu mah rada textbook, teu ditarjamahkeun ka basa
sunda).

4.       Dalam hal dikuasakan, harap dilengkapi dgn Surat Kuasa diatas
materai

 

 

Ø  Upami Wajib Pajak ngalih kaluar ti wilayah kerja kantor pajak nu lami

1.       Fotokopi KTP

2.       Fotokopi NPWP

3.       Surat Keterangan Pindah ti kelurahan

4.       Surat Permohonan ditulis dalam Bahasa Indonesia yg baik & benar,
dan ditandatangani.

5.       Dalam hal dikuasakan, harap dilengkapi dgn Surat Kuasa diatas
materai

 

Kirang langkung kitu, kang

Tp supados langkung eces jentre mah, mangga dongkap we ka KPP (Kantor
Pelayanan Pajak) tempat WP (Wajib Pajak) terdaftar.

Insya4W1, kang budy tiasa kenging penjelasan nu langkung jentre

Hatur nuhun,

 

========================================

AFIF H. SATJAWINATA

[EMAIL PROTECTED]

[EMAIL PROTECTED]

 

 

 

Kabeneran aya urang Pajak :)

 

Kang Afif, cikan pang bejaan ka si kuring. Si kuring teh boga NPWP, geus 3
taun, kartuna teh geus rusak jaba alamatna ge geus pindah deuih teu sarua
jeung nu katulis dina kartu eta. Tah eta bisa menta ganti henteu nya. Mun
bisa kumaha tah carana?

 

Hatur nuhun pisan sateuacanna ... punten nya teu nyambung jeung ngojay :)

 

Salam,

Budyana

 

On 8/19/08, afif <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

Sami atuh abdi teu tiasa ari kedah ngojay mah.

Padahal ti SD dugi ka SMU teh dina mata pelajaran olahraga aya ngojay
sabulan sakali

Sakapeung sok ditanya ku babaturan, "kunaon maneh teu bisa ngojay?"

Sok ngajawab sabisa-bisa we, "Da karuhun kuring mah "patani" lain
"pelaut"!!"

Pan ceuk lagu keur jaman budak oge "Nenek moyangku seorang pelaut"

Da sakanyaho kuring mah nini jeung aki baheula teh nyawah, lain ngala lauk
di laut

Hatur nuhun,

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Roro Rohmah
Sent: Tuesday, August 19, 2008 11:41 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Re: Diajar Ngojay (ngadongeng)

 

Ngadongeng ah…nyohag we nya…

 

Sarua jeung kuring atuh…teu bisa-bisa acan nu ngarana ngojay. Kungsi diajar
ngojay basa keur SMA, tapi euweuh tapakna, ngan saukur make gaya
batu…kecebur… lep! Untung mucunghul deui oge…heheh. Remen ku guru olahgara
ge dicareken (mangkaningan galak deuih!), pedah diajar ngojay tapi buuk
kuring angger garing. 
"Rambut kamu koq kering? Gaya apa itu?!"
Kuring ngan saukur seuri koneng… bari ngajawab,"Gaya Bebek Bu…" (Inget kana
entog atawa meri mun ngojay, huluna angger garing hihihi…)

 

Babaturan kuring ge loba nu nyaleungserikeun ningali kuring cicing we disisi
mun keur ulin ka sisi basisir."Maneh mah beakeun ku awak, jangkung tapi teu
bisa ngojay, ngerakeun!... hahaha…" Maranehna mah resep we paparahuan nepi
ka tengah sagara, tumpak banana boat, ulin ski cai atawa para sailing,
kuring mah ngan saukur kukucuprakan sisi basisir jaba make ban deuih…untung
teu make pelampung nu dina leungeun tea jiga budak leutik diajar ngojay.
Matak mun ningali cai, pangpangna mah di sagara atawa di walungan gede sok
kapikir, kumaha mun dikersakeun ku Gusti paeh dina cai? Mangkaningan
baroraah bisa ngojay?

 

Awakna hideung lestreng tur begang. Minangka rada caang teh palebah nu
katutupan ku calana ngojayna wungkul. Ti umur 5 taun alo kuring resep pisan
ngojay. Abong indung bapana digarawe, jadi budak teh mandiri pisan. Batur
mah dialanteur ku indung bapana, manehna mah seselentrengan we sorangan. Ti
nyadiakeun pakean nepi ka beres ngojay digawekeun ku sorangan. Kukucuprakan
malahmah salto sagala dina balong paragi ngojay barudak. Ningali budak boga
bakat, ku guruna dibejakeun ka indungna. Antukna alo kuring diilukeun kana
kleub ngojay. 

 

"Cing pangneangankeun kanebo paragi ngojay", kitu eusi SMS ti indung alo
kuring, "Di dieu mah euweuh, jauh kudu ka Surabaya. Sugan di Bandung mah
aya, da kota gede". Atuh puguh kuring kokotetengan neangan kanebo di toko
olahraga. Sapanjang jalan Otista dipapay. Adi kuring ge dititah neangan,
suwung. Na… budak teh aya-aya bae, mani kudu ku kanebo? Sugan kuring ari
kanebo teh paragi ngelap motor atawa mobil wungkul, geuning keur ngojay ge
aya? Ngelap-ngelap cai we mah make anduk we atuh?! Kuring ngomong jero hate,
bari rada keuheul da teu manggih kanebona.

 

"Teangan deui. Budakna mugen, mbung miluan lomba ngojay mun euweuh kanebo,
mangkaningan kakara pisan miluan lomba, sugan we meunang."Indungna maksa
nitah neangan kanebo. "Dimana atuh meulina?" bales kuring.
"Teuing, budak teh ningali aya perenang nasional make kanebo. Heug aya budak
Cina deuih make didieu, meulina ti Singapur". Halah? Disaruakeun jeung
perenang nasional & jeung budak nu beunghar? Dasar ieu mah! 

 

Antukna manggih. Teu jauh-jauh ti pakulian kuring geuning… di jalan Merdeka.
Langsung we dikirimkeun. Saminggu ti dinya…
"Terimakasih kanebonya, Aku dapet medali perunggu!" sora reueus alo kuring
nu di Jawa Timur dina telepon minggu kamari. Alhamdulillah, kuring ge milu
reueus.
Dina raraga Olimpiade, loba iber ngeunaan olah raga boh dina tipi, koran
atawa majalah. Iseng kuring mukaan koran, aya raksukan renang merk Speedo
buatan luar nagri. Raksukan ieu geus diuji coba bisa ngabantu kokojayan jadi
leuwih gancang. Keur atlit mah alus pisan ceunah.
Kuring langsung ngaSMS ka indungna alo kuring, tapi geus taki-taki bisi
dititah neangan deui, ripuh pan?
"Aya baju renang alus, merk Speedo sok dipake ku perenang internasional,
ngojayna bisa leuwih gancang ceunah".
"Wah, hebat! Alus keur si Abi meh meunang medali emas. Dimana meulina?"
"Nyao..". ceuk kuring pondok.

 

ro2

 

 

>>> [EMAIL PROTECTED] 08/19/08 08:39AM >>>

Diajar Ngojay 

            Sing demi na ge nepi ka deungeut ayeuna uing can bisa ngojay nu
bener, sok komo mun ningali di tivi haying kawas atlet ian Thorpe nu kawas
torpede ngojayna atawa kawas Richard sambera mah. 

            Kecap ngojay moal jauh jeung cai. Ti SMP kungsi aya kagiatan
sakola nu ngarana ekstrakoliker ngojay, di SMA ge sok aya. Ieu kagiatan the
diayakeun  diluar jam sakola kawas poe-poe ti senen nepikeun ka sabtu tapi
jam na sanggeus bubaran sakola. 

            Didieu waktuna sok dipisahkeun mana kuer lalaki jeung awewe. Tah
waragadna kudu nawur 20 rebuan. Sok komo uing mah teu bisa ngojay, sabab
ekskul tea jadi weh ukur dating hungkul diabsen jadi bisa lulus ge teu
nanaon. 

 

 

  _____  

cing pinter tur bener, cing jujur tong bohong

sing kasep tur bageur, sing geulis tur manis

kunjungi my blog: blogUrang <http://10.22.6.215/blog/doedoenGibol> 

Kirim email ke