Mun urang reueus jadi Urang Sunda wajar, nu teu wajar mah mun urang era jadi 
urang Sunda dumeh ceuk batur jeung kadang sok di"amin"keun ku urang sunda 
sorangan yen Urang Sunda mah marales. Padahal mun can aya data statistikna mah 
ulah waka nyieun kasimpulan he he he. 

Keun we urang reureus, ngan ulah sampe ka rasialis atawa hayang "ngajajah" 
suku  atawa bangsa lain. 
Sunda nu teu panasbaran, sirik pidik ka bangsa sejen, nu penting mah rahayat 
Sunda bisa dahar, barudak bisa diajar,anu kolot bisa nyiar duit, anu gering 
bisa uubar atawa tatamba. najan teu sabeunghar Amerika, Jepang atawa Malaysia 
tapi Sunda boga Ajen,  Sima, Wiwaha tur Ajeg kana tangtungna.  

Lain simkuring hayang Sunda jadi pangluhungna ,Da ari nu ngarana manusa mah mun 
terus diturut napsuna, moal aya beakna.
Ayeuna dunya beuki maju, beuki semarak, ,,,,,Aya nagara - nagara nu bisa 
"menikmati" majuna oge semarakna dunya ku Teknologi nu dipiboga ku 
maranehanana, Aya nagara - nagara nu hayang "menikmati" majuna dunya tepi ka 
ngabelaan nganjuk ngahutang,  ngimpor teknologi ti nagara sejen,  jeung Aya 
Nagara - nagara nu bakating ku teu aya modal,,,ngimpor teu bisa, nyieun 
sorangan ge teu bisa.


--- On Thu, 8/21/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Di Internét, Kuring Nyiar Sunda nu Biasa
To: "urangsunda" <urangsunda@yahoogroups.com>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>, 
"baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Thursday, August 21, 2008, 7:29 AM










    
            "teu kudu ngaluluhur. cukup jiga batur. cukup sarua
rarenjul" 



Mumbulna kasadaran sorangan, kuring téh sunda, can lila.
Paling lila karak lima
taunan. Kituna téh, sanggeus inténs wawawuhan jeung dunya goib, remen
iinternétan. 




Naon cenah
hubungan ngarasa sunda jeung internét? 




Keur sakuringeun
mah, rasa nganuhunkeun ka angkatan bersenjata Amérika Serikat (saterusna ukur
ditulis Amérika) kacida gedéna. Kadé hal ieu ulah dihubung-hubungkeun jeung
diserangna (cenah) "umat Islam" Iraq ku tangtara Amérika. Kuring mah
ukur nganuhunkeun ka maranéhna, sabab geus ngembangkeun hiji sistem jaringan,
nu jadi embrio nu ayeuna mah disebut internét téa. 




Kuring mah sadar
ti bubudak geus boga panyakit kacangcayaan kana jirim diri, ogé cangcaya ka
jirim batur. Rumasa, dina hal
wawawuhan kuring teu pati bisa. Loba mikiran kasieun. Sok sieun nu jadi lawan
ngomong, kadupak haténa. Lamun nyangangang, sieun teu bisa ngayonan. Jadi mun
dina riungan di alam nyata, kuring sok leuwih milih nyidem sora. Nepi ka kiwari
kituna téh. Nepi ka tungtungna wawawuhan jeung internét. Kuring bisa nyumputkeun
jirim nepi ka wani pikeun mudalkeun pikiran tampa sieun irung bocor atawa mata
geuneuk. Da dimana batur nyarita aya nu karérab haténa lain jirim kuring nu
eumeur, paling-paling monitor jeung beurit manéna nu jadi bangkarak. Nuhun US
Army!! teu poho ogé ka sakabéh nu terus ngembangkeun ieu dunya raramatan,
nuhun... 




Can ngajawab nya? 




Keur leutik nepi
ka kira-kira sataun beres ngarawu élmu di hiji(-hijina) paguron luhur nagri di
Bogor kuring can enya-enya ngarasa Sunda. Jih naha jalma nu dingaranan Dudi 
Herlianto
ku bapana ieu téh kacida jauhna jeung nu ngaranna Sunda kitu? Henteu! baraya.
Saumur hirup manehna mah, pagilinggisik teu sirikna unggal waktu jeung nu
ngaranna sunda. 




Manéhna ti mimiti
ngambeu bau dunya can pernah ngangkat suku duanana ti lemah Sunda leuwih ti
saminggu. Ti mimiti lahir 28 taun katukang, nepi ka tamat SMA kuring tara incah
ti kabupatén nu cenah asal kecapna tina Insun Medal, Insun Madangan, Sumedang. 
Terus
ngiluan UMPTN (nu babalagaan) nyokot IPC--poho deui panjangna mah. Dua pilihan
mimiti, aya di tatar Sunda. Teknik Pertambangan di Bandung, jeung Statistika di
Bogor. Nu katiluna mah Ékonomi Pembangunan di Purwokerto. Najan enya gé kiwari
jadi bagéan administratip tatar Jawa (Tengah). Cenah, baheulana mah cenah
kaasup karajaan Galuh nu notabénéna Sunda kénéh. Ieu mah babagi kabungah wé,
puji sukur ka hyang agung kuring lolos UMPTN najan pilihan kadua. Nyahona téh,
sanggeus ngaran asup kana koran, keur nu munggaran. Mangka koranna gé, cenah,
koran kabanggaan warga Jawa Barat (baca: tatar Sunda) deuih. 




Salian ti éta,
kuring, ti gubrag ka alam dunya, nepi ka capétang basa Indonésia di sabudeureun
tara towong nu maraké basa Sunda. Jeung, nepi ka kiwari angger lamun keur
ngambek sok ngagorowok, "JADOL SIAH!!". Tah, teu kumaha kurang deukeut
ka ki Sunda nya baraya? 




Ngan.... rasa
sunda kuring harita lain mucunghul tina panggeuro getih goib. Ukur rasa tuturut 
munding, rasa
hasil ngabanding-banding jeung batur sakuriling. Pan cenah mun manéh dijurukeun
di Sumedang jeung mun ngomong teu bisa ngabédakeun p, f, jeung v bisa
dipastikeun manéhna téh maké mérék bangsa (urang/sélér-- kuring teu pati resep
maké kecap sékésélér!) dina tarangna: Sunda! Kuring rumasa kitu, jadi tara
nyangangang lamun aya nu ngageroan: "Kabayan, mau ke mana?". Malah
mah ngajawab panggerona gé bari nyengir embé begér sagala. 




Lima taun ka
tukang mah, kuring narima sacara "enya lah!" kana rasa sunda éta. Nepi
ka kuring asup ka mailing list (disinget milis, sarupaning komunitas di
internét) nu ngahususkeun manéh maké panganteur basa Sunda. Mimiti asup ka
[EMAIL PROTECTED] ups.com. Terus [EMAIL PROTECTED] .com. Can ngarasa sugema,
kuring terus néangan milis susundaan. Nya nepi ka kiwari, kuring milu teu
kurang ti lima milis. boh nu cara urangsunda jeung kisunda, modél baraya_sunda@ 
yahoogroups. com
jeung karangtumaritis@ yahoogroups. com. Bos milis nu maké ngaran nu aya di 
tatar
Sunda, modél kota-sumedang@ yahoogroups. com, jeung [EMAIL PROTECTED] com. 




Tah hasil
mimilisan éta, rasa susundaan kuring mimiti mumbul dina haté. Pertanyaan
pertanyaan modél: "Naha enya ieu téh Sunda?"/ "Jiga kumaha ari
Sunda téh?" / "Keur naon maké aya jalma nu kokomoan merjuangkeun
eksisténsi nu ngaranna sunda?" jeung réa-réa deui pertanyaan lianna. Singetna
mah, ti milis pisan rasa néangan sunda mimiti mumbul. 




Ti milis ogé
kuring bisa ningali rupa-rupa sunda. Aya sunda nu asa pangaingna. Aya nu pokona
sunda. Aya nu euweuh bangsa nu leuwih alus iwal sunda. Jeung aya nu
séjén-séjénna. Pokona kelir sunda téh reuteum pisan! Ti hideung nepi ka bodas,
nyampak! 




Tah ti hasil
ningalian milis ieu pisan, kuring beuki sadar,Sunda teh geuning biasa. Papak
jeung bangsa séjénna nu aya di ieu dunya. Pan kabéh bangsa gé pasti ngarasa
agul ku kaleuwihanna. Jeung jigana kabéh bangsa gé bakal sabisa-bisa
nyumputkeun kagorénganna. Kumaha wé Hitler nu agul ku kaaryaanna, bari tara
ngocal-ngocal kakuranganna. .. 




Jadi nuhun ka
milis-milis kasundaan, kuring geus bisa manggih nu salila ieu disiaran. Kuring
geus manggihan "Sunda nu Biasa!". Geus manggihan sunda nu bisa
diagul-agulkeun ka anak incu jaga... 


Saréwukali deui nuhun.....



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~



      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke