Teu cara ayeuna cukup ku sms atawa ku imél nepikeun kereteg haté téh, baheula 
mah salain salam témpél ogé kudu ngagutrut nyieun surat cinta, tulisana teu 
sirikna diukir, rerenggian kawas korsi jepara. Da mémang enya pisan, nu mimiti 
ditilik téh tulisana heula, nu rumasa  tulisana siga cékér hayam sok ngongkon 
ka batur atawa diborongkeun sagala rupana ka panglayar,da wirang ari kudu 
ngasongkeun surat bari jeung tulisana rangkebék mah, manan dibaca boa malah 
dibawa ka apoték da disangka resép dokter.

Salian modél tulisana, nu teu éléh pentingna, eusi suratna kudu puguh éntép 
seureuhna tur kudu dibumbuan ku kecap kecap nu rada puitis. Teu mokaha, 
munggaran nyieun surat, méh béak sabuku salah deui salah deui, ku can biasa 
téa. Ilaharna nyieun surat cinta sok dimimitian ku kecap "toek" diteruskeun ku 
kecap "adinda" terus ngaran nu diketrék, dipungkas ku kecap "di peraduan yang 
sepi" saterusna mah ka poko surat anu dimimitian ku kecap salam perkenalan sok 
disingkat jadi "lam kenal" dipungkas ku pantun nu geus teu bireuk deui nyaéta, 
empat kali empat enam belas, sempat tidak sempat harus dibalas.

Saméméh diasupkeun kana amplop, surat cinta kelir kayas téh dibaca heula 
sababaraha rintakan, bisi pahili ngaran jeung nu dikirim kamari, geus yakin 
jeung geus dilipet rapih, sup diasupkeun kana amplop. Kencling dibikeun ka 
panglayar. Sapoé tiharita panglayar méré kodeu ngacungkeun jempol saopat opat, 
yén surat téh cenah geus dibikeun ka nu di anjing cai. Ditunggu sapoé, dua poé, 
surat balesan téh can jol baé, haté tagiwur lir nunggu hasil ujian atawa kawas 
salaki nu keur nungguan pamajikanana ngajuru. Ditunggu dilebah péngkolan 
lebeng, didagoan digarduh ronda ogé sirna, beuheung gé geus teu bisa dilieukeun 
deui lantaran geus kaliwatan sosonggéteun. 

Poé katilu, panglayar séréngéh bari ngagigiwing surat, song dibikeun. Teu 
langsung dibuka, dirigdig ka hareupeun eunteung, sura seuri sorangan, blég wé 
jalma owah. Hasilna bisa ditebak lamun pas dibuka sura seurina malah tambah 
angot bari dulak delék gumasév, éta téh tandana ditarima, tapi  mun pas dibuka 
jadi robah pasemon ngadadak reup beureum ray pias,éta téh tandana cau ambon 
dikorangan kanyéré kapipir pipir, hmm....geuning ambon sorangan, embé mah teu 
mikir-mikir, teuing naon nu kurang, naha surat cintana nu kurang puitis atawa 
beungeut nu kudu dipermak deui.

syam ridwan
www.keomsakedap.multiply.com

Reply via email to