Kanggo Nu Dicalukan…

 

Kuring
     nonggerak,saacana menta dihampura ka balarea,rumasa make basa nu garihal
     karasana,supaya euweuh nu ngarasa dibeda-beda,kuring ngahaja make basa
     sunda nu ayeuna. Kuring nonggerak,teu ngarasa mikaboga elmu luhung
     ayana,kuring ngan ukur makhluk biasa,nu sapopoe kumalendang di alam
     dunya,nuturkeun cai kamana ngucurna.

 

Kang
     Agus Pakusarakan,eta ajian kungsi jadi cecekelan sobat kuring,ngan
     hanjakal dipake bari
     ngandelkeun bantuan bangsa kuring,eta oge nu teu ngarti kana aturan,da 
sabenerna
     teu meunang dina agama. Kuring teu wawuh jeung nu sabangsa kitu,kajeub
     ajiana kuring bias,lain mawa waluya.

 

Kang
     Iman,kuring hormat jeung muji kana kategesan anjeun ngeunaan Baduga
     (Siliwangi),keun urang teundeun mun manggihan nu beda,urang gedekeun jeung
     hijikeun nu sarua,sabab urang kudu taki-taki mapag mangsa kahareupna.
     Kuring bungah nu euweuh papadana,geuning loba keneh urang sunda nu nyekel
     kasundaana,eta tanaga nu teu leutik gunana,jang ngalengkah nimukeun deui
     jati diri sunda nu ampir euweuh dikieuna.

 

Sakali
     deui Kang Tirta,keun kuring nu rek tandang,teu kudu ngahaja datang ka
     Sancang,kuring ti Sancang tilu ngawakilan sakabeh sancang,kuring katitipan
     salam sadulur ti Ki Santang.

 

Kang
     Ema,tuturkeun we caritana,ke oge bakal pinanggih jeung anu
     kuduna,tuturkeun we caritana.

 

Kang
     Roche,budak cicingeun hayang disebut budak baong? Teu kudu hariwang kuring
     bakal sabisa-bisa noong,ke oge ngalaman nu sok rajeun ngaliwat kana
     pikiran,sugan jeung sugan ku Allah diijinan. Kuring muji kana pikiran nu 
panasaran,sabab
     bakal metot jelema jang neangan,ngorehan sesa-sesa nu bakal jadi
     cecekelan,ngarah teu kasasab ka alam kangeunahan.

 

Kang
     Dekky Mulyadi,nu ngawakilan budak kiwari mentingkeun eusi nu pondok bari
     nyari,teu ngan saukur hayang kaciri,mugi pinanggih jeung jati diri.

 

Waliwis
     Bodas hiber di awang-awang,boga hate nu kerep baluang,nuturkeun indung
     suku mapay-mapay alam anu ngambang,muga anjeun hirup mawa seungit kembang.

 

Waluya,hiji
     ngaran nu diudag ku sakabeh jalma di dunya,hampura kuring teu wani muka
     anjeun boga sukma,ari teu diijinan ku nu mikabogana.

 

Netta,Sunda
     bakal pinanggih deui jeung kadigdayaan,asal urang teu poho kana
     wiwitan,teu miceun nu geus jadi ciri kasundaan,teu ngaleungitkeun jasa
     jalma nu kungsi ngagedekeun Pajajaran.

 

Kang
     Kumincir,hampura kuring teu pati apal anjeun saha,ngan kuring teteg na
     hate anjeun jalma nu moal ngasaha-saha,kuring aya ukur ngahaok supaya
     sunda ngarasa lain nu saha,ngajak urang sunda leuwih ngahareupkeun usaha.
     Nitip salam ka urang lembur,kudu bisa duduluran kajeun lain dulur,urang
     babarengan geura nyukcruk galur,muka deui jalan jang ngaraketkeun sakabeh
     urang sunda sing asa jadi dulur.

 

Ceu
     Roro,hampura mun kuring salah tetempoan,ngan kuring tetep gede harepan,teu
     kahalang umur nu geus elat-elatan,urang mangfaatkeun sugan teu kahalangan.

 

Hampura
     kanu geus disebutan ngan teu kaburu dikorehan,sugan isuk jaga aya mangsa
     digeroan. 

 




      

Kirim email ke