Tadi wengi abdi janten narasumber dina acara Ngawangkong di Radio
Pemda Kota Bogor Sipatahunan 89.4 FM, ngabahas budaya karajaan
Pajajaran sareng Gerakan Ngabangkitkeun Pasundan. Acara di pandu ku
Mama. Arif, disarengan ku wartawan Jurnal Bogor KangĀ  Dadang. Ngabahas
karajaan Pajajaran dijelaskeun ku Bp Daud.

Bp. Daud mani entre pisan ngajelaskeun silsilah karajaan Pajajaran.
Nami raja kapungkur mah mani sarae jeung gagarah, cobi we perhatoskeun
Prabu Siliwangi, Prabu Kiansantang, jeung sajabana. Raja-raja ti tatar
pasundan mah, rata-rata tiasa mimpin jeung kawanina gede pisan. Buktina
can aya pamimpin atawa raja di tatar pasundan nu di demo ku rahayatna.
Sareng pami perang teh, mani waranian jeung sarakti pisan. Saur Bp.
Daud, masih seueur carita karajaan Pajajaran teh nu can ka ungkap,
margi masih aya oge caritaan nu masih simpang siur, diantarana dimana
Prabu Siliwangiteh ngahiangna, atanapi tilemna, oge aya nu nyaurkeun
kantos timbul deui.

Ngadangukeun caritaan ti Bpk. Daud, Karajaan Pajajaran teh kalintang
ahengna, margi hampir sadaya pulau di Indonesia teh kakuasaan ku
kararaan ti pasundan eta.
Giliran abdi, ngajelaskeun perkawis program Gerbang Pasundan,
ngabahas peryogina gerakan urang sunda kanggo ngabangkitkeun para
pamimpin ti urang sunda. Margi tatar pasundan teh, kapungkur kantos
ngabogaan karajaan nu gede katut kawentar kamana-mana.

Program Gerbang Pasundang di tahun 2008-2009, diantarana, ngajalin
hubungan jeung naon wae komunitas urang sunda, sapretos Paguyuban
Pasundan, KUSnet, jeung sajabana. program nu sanesna, masing-masing
komunitas ieu kedah tiasa ngabuka pikiran urang sunda di wilayah
masing-masing ngarah hudang yen urang sunda kudu leuwih maju, leuwih
wani, jeung aya nu dirojong keur calon pamimpin di Indonesia pi kahareupeun. Mun
kaudag calon pamimpin Indonesia di pasundan urang munculkeun ayeuna
keur nyanghareupan Pamilu 2009, tapi mun can kaburu, urang siapkeun keur
pamilu 2014.

(sumber Gerbangpasundan.com)


      

Kirim email ke