Kuring mah teu ngarti kunanon aya jalma waras nyebutkeun rokok HALAL/MAKRUH 
atawa ulah diharamkeun...?  Boga hak naon urang mengecam ka MUI?  Naha MUI teh 
euweuh mangfaatna kitu? Lamun MUI euweuh mangfaatna, komo urang meureunnya, 
jalma cacah kurucakan nu hirup ukur lamokot ku dosa..!
Da sakabeh ahli kasehatan oge euweuh nu bisa mere data secara logis manfaatna 
rokok boh keur kasehatan atawa lingkungan. Sok atuh mun gaduh data mah geura 
"sharing" urang ngan ukur bisa tutunjuk bae ka batur.
Memang gorengna jalma teh sok keukeuh kana pemanggihna anu rada nurutkrun kana 
kasenangan pribadi (hawa nafsu).
Kuring mah mung hayang sharing, bari muka internet sok urang bari diajar kana 
agama.  Geura buka situs 
http://www.syariahonline.com
Insya Allah urang bakal meunang elmu agama nu ku urang dibutuhkeun, ti batan 
mukaan situs nu teu paruguh mah.  Urang bisa nanya ka eta situs mun urang teu 
ngarti dina masalah hukum agama, da nu ngasuhna oge jalma-jalma nu geus mumpuni.

Baktosna,

Kang Amat Hanafi (Karawang, asli ti Kuningan)


      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Reply via email to