Alkisah (basa sundana naon nya?) aya hiji nonoman anu goreng pisan
kacida, geus sering ngalamar wanoja pikeun dijadikeun pamajikan,
tapi kabeh wanoja anu dilamar ku eta nonoman nolak, alesana hiji >
goreng rupa
hiji mangsa eta nonoman ngawanikeun maneh ngalamar ka wanoja anu
panggeulisna di eta nagara, ieu wanoja salian ti geulis oge sholehah,
teu dinyana eta wanoja teh narima kana lamaran si nonoman,
atuh loba nu nanya ka eta wanoja kunaon bet narima lamaran si wanoja 
 
Pokna si wanoja :
"Mun kuring jadi pamajikan manehna, tangtu manehna bakal jadi jalma anu
bersyukur (lantaran boga pamajikan nu geulis)
Mun manehna jadi salaki kuring, tangtu kuring bakal jadi jalma anu sabar
(lantarn boga salaki goreng patut)
sedengkeun jalma sabar jeung jalma syukur, tempatna di surga,
jadi kuring duaan jeung manehna bakal jadi penghuni surga"
 
hikmahna, mun urang dipaparinan salaki/pamajikan nu hade rupa, urang
kudu syukur
tapi mun pareng di bere salaki/pamajikan anu goreng rupa, urang kudu
sabar...

Reply via email to