Ngabatalan
"Dewek kamari kamagriban dina angkot, kaparengan teu mawa nanaon jang 
ngabatalan, ngong adan lep we curuk dewek diasupkeun kana liang irung terus 
dijetenkeun aya kana lima menitna!" ceuk Steven Jeding kabaturna nu katelah 
David leklok.
"Ih puguh dewek ge sarua, ngong adan teh ngalelepkeun curuk kana liang irung, 
ngan pamikir teh asa kurang apdol ari ngan ukur kitu mah, nya sanggeus 
diasupkeun kana irung meunang lima menitan, terus dilamotan!" tembal David 
leklok bari nyengir.

Jual Dedet
"Nu baleg euy, maenya ti pengkolan Sukaemut ka gang Nyingcet lima rebu perak, 
biasana ge dua rebuan!" Juheb molotot ka supir angkot lantaran basa ngasongkeun 
duit sapuluh rebu ngan ukur dipulangan lima rebu.
"Punten kang, salami bulan puasa nu naek ti bada ashar dugikeun ka magrib, 
ongkosna naek janten limarebu perak ngan diimplik implikan kolek sabungkus!" 
supir angkot ngajelaskeun bari ngasongkeun sabungkus kolek.
"Coba salain kolek ditambah sabungkus jie sam soe, meureun kuring unggal poe 
naek angkot ieu!" ceuk Juheb bari nampanan kolek.

Nukeurkeun Duit
"Titingalian teh, kamari keur tengah poe katingali suku silaing ucang ucangan 
dijongko warteg, keur nanahaon?"
"Tuh manehna mah sok curigaan, aya didinya keur nukeurkeun duit!"
"Nukeurkeun duit receh maksud teh?"
"Lain, nukeurkeun duit jeung sangu ngebul!"
"Sibedul!"

syam ridwan

ingat buku paket kusnet, ingat buku keom jilid-1 &2. sok ah jual dedet 
yeuh......heu heu

Reply via email to