Buku " Kudeta Mekkah", ditulis make gaya laporan, tapi aya kajadian nu 
ditulis siga fiksi, sabab Trofimov  nu koresponden  luar negeri "The Wall 
Street Journal"  ngalukiskeun kajadian di Mekkah 1979 detail pisan, padahal 
manehna teu mungkin kungsi kadinya, da lain Muslim.

Cenah, umumna sajarahwan atawa pengamat politik Timur Tengah, nganggap 
kajadian serbuan ka Masjidil Haram ukur insiden lokal, euweuh patalina jeung 
terrorismeu global nu ayeuna nerekab. Tapi Trofimov sabalikna, manehna boga 
kacindekan yen terrorismeu ayeuna teh akarna nya tina kajadian ieu.  Ceuk 
Trofimov waktu harita (1979) tepi ka sababarha dekade kahareup nu dicuriga 
ku urang Barat teh Iran Syiah /Khomaeni) ari Wahabbi mah teu dianggap bakal 
nyieun masalah keur maranehna, malah ku Amerika dianggap "sobat". 
Kanyataanana anggapan ieu salah, sabab Osama bin Laden teh saurang Wahabby 
anu taat .....

Tapi kuring macana acan tamat ...hehehe, kakara satengahna ...ke isuk 
diteruskeun bari ngabuburit ......

Baktos,
WALUYA


----- Original Message ----- 
From: Ema Sujalma
obyektif mah sae atuh...teu memihak...
sakedik-kedikkeun aya oge referensi buku basajan
judulna Syekh Guevara Bin Laden
kirang langkungna...pembenaran tina anu dipedar ku Abah Willy

baktos,



Kirim email ke