leres kang amat panuju kuring kana guaran salira...
da' memang leres kitu...
ceuk sakaol prabu siliwangi sanes teu hoyong leubeut islam
mung geus kagok kukaluhungan jeung era kurahayat nu akhirna
ceuk sakaol mah prabu siliwangi indit ka leuweung sancang garut

cag ahh...
ceuk sakoal deui kiansatang  = sunan rohmat = sunan godog



On Sun, Sep 14, 2008 at 3:03 AM, Amat Hanafi <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>    Memang leres Islam is Islam.  Sunda is Sunda. Tapi teu nutup
> kamungkinan aya sababaraha prinsip hiji suku anu selaras jeung ajaran Islam.
>
> Panginten jalma nu nyerat sajarah yeun urang Sunda lebet kana Islam kalawan
> dipaksa teh kedah dilereskeun deui.  Ku jaman ayeuna mah loba pisan kaum
> kafirin nu hayang ngarusak citra Islam ku jalan ngabelokeun sajarah. Persis
> jiga mottona syetan :  "Katakanlaha kebohohonga itu 1000x.  Niscaya
> lama-lama orang akan menganggapnya hal itu sebagai suatu kebenaran."
>
>
>
> Dina sajarah Cirebon Asli disebabkeun yeun Sunan Gunung Jati teh estuning
> putu/incuna prabu Siliwangi ti permaisurina Nyi Endang Geulis (emut meureun
> waktos prabu Silawangi ka Cirebon teras mendakan hiji Santriwati teras wae
> ditikah). Ti Nyi Endang Geulis Prabu Siliwangi teh gaduh 2 putra sareng 1
> putri.  Nyaeta : Pangeran Walangsungsang Cakrabuana, Nyi Mas Rara Santang
> sareng Kian Santang. Tah ku Ibuna palaputrana teh dididik kana Islam.  Teas
> hiji waktos saparantosna dewasa P. Walangsungsang Cakrabuana & Nyi Mas Rara
> Santang teh nyiar elmu dugi ka Timur Tengah (Mekkah).  Kaleresan waktos ka
> Mesir aranjeunna pendak sareng raja Mesir (masih aya turunan ti
> Rasulullah) anu nembe kapupusan istrina.  Kulantaran rupina Nyi Mas Rara
> Santang teh geulis, atuh eta raja Mesir teh aya hate kadua leutik. Nya teras
> wae ditikah.  Saparantosna nikah, Nyi Mas Rara Santang gaduh 2 putra (1.
> Syarief Hidayatullah 2. Syarief Nurullah).  Ku ramana Syarief Hidayatullah
> dipasrahan nagara, tapi anjeunna mah nolak.  Karajaan ku anjeunna
> dipasrahkeun ka rayina..  Teras Syarief Hidayatullah mah milih ngalalana tur
> nyebarkeun agama Islam ka tanah leluhur ibuna. Dugi ka Tanah Jawa teh
> anjeunna  guguru heula ka Syekh Maulana Malik Ibrahim. etc.  Ku margi
> Syarief Hidayatullah teh netep di Cirebon (daerah Gunung Jati), nya anjeunna
> kenging jenengan Sunan Gnung Jati
>
> Kajadian perang antara Cirebon sareng Pajajaran, saentuna mah lain perang
> campuh saperti Demak (dibantuan ku Cirebon) jeung Majapahit.  Waktos harita
> Sunan Gunung Jati bade sowan ka akina (prabu Siliwangi).  Tapi kulantarn aya
> penghianatan di jero karataon pajajaran, nya prabu siliwangi teh pupus dugi
> teu amprok sareng putuna.  Sajarah oge nyebatkeun yeun secara rerencepan
> prabu siliwangi teh lebet Islam. Tapi kulantaran masih aya keneh bawahannan
> anu nyekel kana ageman karuhun, akhirna na mah tjd penghianatan.  Dugi ka
> Pajajaran, Sunan Gunung Jati nganjurkeun ka sakabeh eui karataon tur rahayat
> pajajaran sangkan lebet kana Islam.  Nya teu hese, tungtungna mah lelebet ka
> Islam, kumargi Sunan Gunung Jati teh kan masih putuna prabu Siliwangi.  Tah,
> anu nolak kana Islam aya nu ngajak perang aya oge anu kalabur.  Anu teu
> kersaeun ngagem Islam, maranehma kalabur ka cibeo (cibeo-Banten).  Anu
> ayeuna mah sok kasebat suku Baduy tea.
>
>
>
> Lengkepna mah bisa diaos dina buku sajarah Cirebon Asli.
>
>
>
> Tah, kuring kacida reueusna kana Sunda.  Ku margi sajarah oge nyebatkeun
> yeun Sunan Gunung Jati teh diangkat jadi Ketua Dewan Wali Sanga. Dina
> kapamingpinan S. Gunan Jati, akhirna Jawa Dwipa tiasa diislamkeun tur
> sumirat cahana dugi ka sakuliah nusantara.
>
>
> Re: ISLAM & SUNDA
> <http://groups..yahoo.com/group/urangsunda/message/132689;_ylc=X3oDMTJzM3E5MjBjBF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEzMjY4OQRzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMjIxMzAyNzYy>
>  Posted
> by: "teddy sur" [EMAIL PROTECTED]
> <[EMAIL PROTECTED]> Fri Sep 12, 2008
> 10:51 pm (PDT) tetap beda kang...islam ya islam,tidak bisa disamakan.saya
> kira penulisnya perlu memahami lagi tentang sunda lebih dalam lagi,khususnya
> tentang sunda buhun. pada dasarnya jaman dahulu orang2 sunda menerima islam
> bukan karna  keinginan masing2,tapi karna di paksa masuk islam dalam tekanan
> dan ancaman."sejarah runtagna pajajaran" urang sunda yang tidak mau masuk
> islam  di pencitan,sementara mereka  urang sunda yang masuk islam,dengan
> terpaksa harus menerima islam sebagai agama baru mereka, dibawah ancaman
> kematian.dengan satu alasan yang kuat,orang-orang kafir yang tidak mau
> mengakui islam sebagai agamanya,maka hukumnya wajib dibasmi.
>
>
>
> ------------------------------
>  Nama baru untuk Anda!
> <http://sg.rd.yahoo.com/id/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo..com/newdomains/id/>
> Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan
> @rocketmail.
> Cepat sebelum diambil orang lain!
> 
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.net

Kirim email ke