Baraya,

Seratan-seratang Kang Eddy Nugraha pikeun kuring mibanda karakter anu
khusus. Nya lamun diistilahan ku kekecapan atawa basa anjeunna mah aya
dina ulin tangtungan Sunda tea. Wilujeng Kang Eddy.

Salah sahiji seratan anjeunna anu ngebrehkeun karakter "ulin dina
tangtungan Sunda" nya ieu, ngeunaan "pohaci" atawa "puahna aci" tea.
"Puah" lamun dina basa Indonesia (anu indungna basa Malayu tea) nya
"tuah" tea. Yen, sagala rupa aya acina, yen acina teh ngabogaan puah
atawa tuah atawa daya kakuatan keur rupa-rupa tujuan, gumantung
passwrod-na (anu diucapkeun ku juru puah nalika marancahan ngagunakeun
aci).

Seratan-seratan kang Eddy mibadan daya passing over anu luhur. Dina
alam banjir informasi siga jaman kiwari, urang mungkin wae natanyakeun
ka diri sorangan ngeunaan ageman-ageman atawa kayakinan-kayakinan anu
salila ieu dicekel. Anu jadi sabab, aya informasi anyar anu - disawang
saliwatan jeung kalawan deet - pasalia karasana. Laju, kayakinan teh
bisa wae rada eundeur, malah teu saeutik anu oyag.

Moal ngabibisani, kitu ceuk ahli hikmah oge. Yen kaimanan anu tohaga
eta kahontal sanggeus kaimanan (anu ti heula) kaoyagkeun. Umumna
kaimanan anu ti heula, anu mimiti, lain meunang hese beleke
ngahontalna. Mun henteu warisan, nya nuturkeun lingkungan anu aya wae.
Laju oyag ku ku ayana informasi anyar tea. Ku cara interaksi jeung
informasi anyar, mudah-mudahan kaimanan teh nguatan. Anapon modal keur
nguatkeunana, diantarana passing over (pemahaman lintas budaya atawa
lintas agama) ngeunaan bebeneran atawa naon wae anu sacara fitrah
memang diteangan ku manusa.

Passing over tina pohaci, upamana, kapendak dina tafsir sufi (tarekat)
ngeunaan kalimah Bismillahirohmanirrohim. Tarjamahan eta kalimah suci,
geus baku, nyaeta "Kalawan nyebut Asma Alloh Anu Maha Welas tur Maha
Asih". Ngan, para ahli tarekat atawa ma'rifat, ngajelaskeun
(ngaelaborasi) leuwih jauh ngeunaan harti "bi" dina Bismillah tadi.
Jadi, tafsiranana, diantarana, nyebutkeun 3 harti
Bismillahirrohmanirrohim sarupa kieu:
1) Kawalan nyebutkeun Asma Alloh anu Maha Welas tur Maha Asih
2) Kawalan nyarengkeun Asma Alloh anu Maha Welas tur Maha Asih
3) Kalawan nyuhunkeun pitulung ku Asma Alloh anu Maha Welas tur Maha Asih

Kitu saurna aranjeunna, paniatan anu kudu digerenteskeun dina hate
nalika ngucapkeun Bismillahirrohmanirrohim, ngamimitian hiji gawe. Nya
ku cara kitu, mudah-mudahan "puah" na Bismillah teh bisa kaala, karasa
manfaat, ma'unat jeung barokahna. Muga-muga password ku
Bismillahirrohmanirrohim jadi bisa mukakeun jeung ngahontal naon anu
jadi pamaksudan

Jeung ukur Gusti anu Maha Uninga kana enas-enasna perkara anu Bener.

baktosna,
manAR


On Fri, Sep 12, 2008 at 6:06 PM, Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para wargi assalamualaikum,….
>
> Nyanggakeun dongeng kampung ngeunaan dewi pohaci. Dikotret keun meungpeung
> aci nuju ditahan dipengkek (puasa), sugan kaginuluran bagja kenging
> kasinugrahan kasumpingan Pohaci utusan sunan Ambu sinelir di papada jajaran
> tangtung…hung…ahung.
>
> Nyanggakeun sun
>
> Baktosna
> Eddy Nugraha
>
> =====
>
> POHACI:
>
> NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK
>
> Eddy Nugraha
>
> Panganteur
>
> I
>
> Dina babasan kampung Pohaci asalna tina pwah jeung aci. Ari pwah unsur daya
> rido ti nu Maha kawasa supaya Jadi/mangrupa. Ari aci dina babasan sapopoe
> nyatana sari pati (nu alusna) tina dat contona nu teu bireuk nepi ka ayeuna
> nyaeta ngaran aci - tipung nu asalna tina sari pati sampeu. Aci oge mangrupa
> sari tina puji sabab hasil pagawean/olahan nu jadi kapujian hartina
> dipikaresep/dipikabutuh ku nu makena.
>
> Jadi, pohaci dina babasan kabiasaan urang kampung mah nunjukkeun aci-aci
> ning dat nu dibarengan ku daya ti nu Maha kawasa nu murbeng alam supaya
> ngajadi/ngabantuan kaperluan/kabutuh/karesep jalma/mahluk.
>
> Matak indung beurang lamun arek ngubaran budak nu gering atawa nu
> ngadat/ceurik wae, sok biasa ngaheungheum beas cikur atawa panglay, tuluy
> lamun geus karasa rasa aci-aci/sarina ku anjeuna –da diasupkeun kana
> bahamna- cikur atawa panglay the diburakeun atawa kadang saukur dilepehkeun
> bari terus ditempelkeun kana tarang nu gering/nu ngadat wae bari tuluy
> ngucap
>
> …PUAH (pwah) CAGEUR siah!
>
> Eta kabeh lir ibarat aci ngahiji jeung doa/itikad/program ti indung berang
> neneda ka nu maha kawasa make kecap Pwah....nya jadi Pwah kana aci….jadi
> Pohaci….nya tuluyna mah, nu ngan saukur cikur atawa panglay the boga daya
> mangfaat lain pakeun nyagerkeun atawa ngarepehkeun budak, sabab lain saukur
> aci cikur atawa panglay tapi jadi kaselir ku pohaci (na) cikur atawa panglay
> nu boga maunat nulung jelema.
>
> Matak kangaranan pohaci diterapkeun oge kana sari rupa-rupa barang nu aya
> didunya. Kayaning- pare/ibu ngarana pohaci sang hyang sri, inten Pohaci
> terus patala, emas pohaci maya herang, barang dagangan pohaci wenis jati,
> Perak pohaci maya putih jrrd.
>
> Malah geus kawicara dina tulisan bujangga oge, ayana tingkatan (pakeun
> ngabedakeun) tina sesebutan aci nepi kana pohaci, yen misalna wae; pikeun
> nyebutkeun sel sperma disebutna Aci putih maja herang aci putih tunggang
> herang (teu make pwah-atawa teu disebut pohaci tapi cukup aci); sel telur
> Aci putih maja hening aci putih tumpang lenggang; karek lamun geus ngajadi
> pembuahan/zygote disebutna ningkat jadi Pohaci nyatana Pohaci impun larang
> nu aya di gunung kembar.
>
> II
>
> Tangtu wae dina bag-bagan ulikan mah, engke dibagian satuluyna bakal leuwih
> katingali, yen aya bedana tingkatan nerapkeun sesebutan aci jeung pohaci
> -Sabab moal aya ngaran lamun euweuh barangna, moal aya ngaran mun teu boga
> sifatna moal aya ngaran mun teu boga usik/guna/manfaatna- antara aci acining
> barang nu aya di dunya jeung pohaci nu leuwih dijelaskeun ayana di alam
> kahyangan nu turunka dunya sasat saukur dipiwarang (Ngabdi-ibadah) ka Sunan
> Ambu. Kapanggihna alam katut panta-panta aci tepi ka pohaci the –saperti nu
> bakal kailo dina bagian satuluyna- lamun geus rajin daek wekel mutih,
> ngabeuti, ngalalab, ngatah, niis jrrd latihan meruhkeun aci supaya manjing
> jadi pohaci.
>
> Leuwih jero deui Dina ulikan kasundaaan eusi. Pohaci the nu ngawarnaan RASA.
> Ku kawasana, Pohaci jadi panghurip nu nimbulkeun nyawa. Tuluyna, pohaci jadi
> SIR nyatana rupa rupa rasa nu jadi pangrasa.
>
> Ari pangrasa nyatana nu jadi pangawasa nu hirup. Pangrasa matak jadi
> pangawasa sabab usik malikna jelema jeung sakabeh nu kumelip kumaha
> pangrasana. Nya pangrasa ieu jadi pangawasa dat na, pangawasa sifat jeung
> tingkah polahna.
>
> Ieu dadaran…pun sapun….
>
> Rek nganepikeun yen kabiasaan sapopoe nu aya hubungana jeung kapercayaan
> kana pohaci di kampung, nu beuki kaayeunakeun beuki arang katarima ku
> jalma-jalma nu ngarasa 'ngota' jeung 'educated' ku ala barat jeung ala Arab,
> teh asal muasalna bijil tina falasifah kapercayaan sunda baheula nu empirik.
>
> Para pohaci the ayana lain ngan saukur dongeng memeh sare tapi boga
> falasifah nu nuduhkeun kana ulikan tangtung jeung masih nerap dina babasan
> jeung kabiasaaan sapopoe nu boga 'nilai aplikasi'/kagunaan nu alus tur daya
> guna malah tepat guna, kayaning dina metoda ngubaran, nyuguh, nyieun tumbal,
> teknik neluh & nolakna, jeung ngomean awak katut ngomean lingkungan, malah
> isik sering dipake pakeun nganteur pamaksudan dina usaha jrrd.
>
> Ieu dadaran… pun sapun….
>
> Rek ngajelaskeun ngeunaan Pohaci utusan sunan Ambu nu heubeul nulung seuweu
> siwi tedak pajajaran….nu ayeuna mah geus diapi lainkeun/dianggap
> pamusrikan/bidah jrrd ku kalolobaan urang sunda kiwari sabab bisa jadi bijil
> tina heureutna kanyaho inohong sunda –nu make jalan Arab (lain saukur jalan
> Islam) - dina masalah ageman, jeung heureutna kamampuh inohong sunda nu
> saukur ngarasa nyunda tapi teu tapis ngeunaan pamahaman Islam nu rahmatan
> lil alamin (nu lain saukur pamahaman Arab) oge teu wanoh kana kamajuan
> paradigma jaman.
>
> Wah…siah…..
> ….timana asalna wani dodongeng jeung nyebut kitu? ….Naha saukur kirata wae
> ….dinyata-nyata ku kira-kira? Naha saukur ka teupuas kaum marginal?
>
> Tapi,….Cik atuh kumaha enyana mun enya-enya enya mah enyana?
>
> Ngan kade euy bisi neunggar pangrasa batur….
> …. Hayoh matak kabur pang ACIan!
> puah…pwah!
> Hung…ahung!
>
> (Bagian salajengna Urang teraskeun upami pareng)
>
> 

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke