Deudeuh Teuing Baduga Angin garing diusum panas, jukut gararing leungit hejona ku panas, daun-daun garing maruragan tina tangkalna teu kuat nahan panas, taneuh ngebul haliber beuki nambah teu ngeunah rasa diusum panas. Sumur garing euweuh caina, walungan saat euweuh caina, balong saraat teu kabagean caina, sawah teu bisa dipelakan euweuh caina. Euweuh tempoeun nu matak ngeunah, sapopoe bayeungyang kana awak teu ngeunah, tatar sunda nu baheulana ngeplok hejo ngeunah kana manah, asa geus ratusan taun kaliwat jadi teu ngeunah. Ti mimiti manehna tilar dunya, ti mimiti manehna teu ngawasa, tatar sunda nu tadina ngahiji jadi pada hayang sorangan-sorangan ngawasa, nepi teu karasa lemah caina ku bangsa lain dikawasa. Ki Santang ngahelas ngurut dadana, hatena peurih inget ka sobatna, bathina ceurik inget mangsa baturna tilar dunya, bari nyanghareup maut masih inget jeung melang ka rahayatna. Sunda nu dipikanyaahna, sunda nu dipikamelangna, sunda nu asa geus ngahiji jeung ragana, sunda nu geus ngahiji kana getihna. Duh Gusti, Ki Santang beuki ngarasa nalangsa, hampura Baduga, akang geuning can bisa, Ki Santang mimiti rembey ku cimata, Ki Santang beuki ngarasa dosa ka Baduga nu dipikanyaahna. Akang lain rek mungkir tina amanah salira, ngan akang oge kawatesan ku diri akang nu teu pira, cimatana beuki ngembeng dina kongkolak panona, duh Baduga, hampura akang nya geuning can bisa, sing sabar, dina mangsana bakal laksana. Ki Santang nyawang mangsa ka tukang, mangsa endah babarengan, silih mikanyaah jeung ngabejaan, jeung Baduga ti Tatar Pasundan. Deudeuh teuing Baduga kanyaah akang, rahayat anjeun ayeuna matak baluang, rahayat anjeun ayeuna hirupna sewang-sewang, duh Gusti ijinkeun abdi nedunan nu diamanatan. Ki Santang nyegruk ceurik sorangan teu wawa nahan cimata, Ki Santang nyegruk ceurik teu wawa nahan tunggara, abdi teu pisan-pisan bade nyasarkeun manusa Gusti, ampun Gusti abdi ngan saukur nedunan jangji. Abdi nyeri disebat nyandak kamusyrikan, abdi nalangsa rahayat Baduga nyangki nyandak kabohongan, ampun Gusti, ceurik Ki Santang beuki sesegrukan, bathina ngajerit adug-adugan narima kanyataan. Dicokot gambar Baduga nu jadi kenang-kenangan, diusapan pinuh kadeudeuh jiga ka anakna sorangan, dicium tarangna bari ngagerentes sorangan, ulah hariwang cenah, geus aya rahayat anjeun nu rek nedunan nu diamanatan. Gusti,ijinkeun abdi, Gusti,lereskeun abdi, Gusti,tunjukeun abdi, Gusti,ampunkeun abdi. Ki Santang ngoloyong ka cai, nyokot wudlu jang ngaleungitkeun nalangsana ati, terus shalat masrahkeun ka Gusti, sumujud dipayuneun Gusti