punten ganles sanes nelenges = nalangsa panginten hehehe

  ----- Original Message ----- 
  From: Ganles MGM 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Cc: Milist Alumni-Smunsa 
  Sent: Tuesday, September 23, 2008 9:19 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Nasib Seniman Sunda ti Pasisian /URANG REREONGAN 
NGABANTOS YU...!!



  Beu meni nelenges nguping wartosna oge .......

  Cingan atuh tong ngan saukur nyararios wungkul ..... geura prak lakonan anu 
kudu dilakonan kuurang teh.
  Kumaha cingan misi silih asah, silih asih, silih asuh teh ....!? Asana mah 
sanes mung saukur simbolik wungkul sanes ....1?

  Nuhun Wa Sas ..... parantos tiasa ngoordinir .... mung hapunten supados 
langkung afdol, salian ti rek Mandiri, kagungan anu BCA ....!? 
  Sareng deuih nami rek lan no rek-na tiasa langkung kumplit ....!? Maklum sim 
kuring mah poekkeun atuh da .......


  hatur nuhun,




------------------------------------------------------------------------------

  patani makmur ..... taneuh subur ......



    ----- Original Message ----- 
    From: MSasmita 
    To: urangsunda@yahoogroups.com 
    Sent: Monday, September 22, 2008 6:18 PM
    Subject: Re: [Urang Sunda] Nasib Seniman Sunda ti Pasisian /URANG REREONGAN 
NGABANTOS YU...!!



    Ka Para Wargi Urang Sumedang, kumaha upami urang rereongan ngempelkeun 
sasieureun sabeunyeureun kanggo kaperyogian Mang Yaya, tos ngempel urang 
kintunkeun ka Sumedang atanapi tiasa bae dititipkeun ka Kang Usman Supendi. 
upami aya nu bade ngiring rereongan tiasa ngintun artos ka rekening Perceka 
atanapi ka rekening sim kuring  Bank Mandiri KCP Kanpus Telkom Bandung 
1310004495760 an Mamat Sasmita. Rekening YP aya di Mang J.
    Upami tos ngintun saena mah nga sms ka HP sim kuring 0817228521.
    Hatur nuhun.
    Ka Kang Usman urang silih kontak we ka HP sim kuring.

    MSas


      ----- Original Message ----- 
      From: kang kabayan 
      To: urangsunda@yahoogroups.com 
      Sent: Monday, September 22, 2008 10:37 AM
      Subject: [Urang Sunda] Nasib Seniman Sunda ti Pasisian


              Seniman ti Sumedang
              Ngajoprak teu Walakaya

              KASATIAAN Mang Yaya kana seni tarawangsa, geus kaukur ku waktu, 
geus kauji ku wanci. Diajar nabeuh tarawangsa (rebab jangkung),  ti keur rumaja 
keneh. Mang Yaya nu lahir di Lebaktulang, Desa Nagarawangi, Kacamatan 
Rancakalong, Kabupeten Sumedang lir nu ditakdirkeun kudu kumawula kana seni 
buhun titinggal karuhun. Harita, pasanganana teh Mang Anda urang Cipala. Mang 
Yaya nu ngesetna, Mang Anda nu ngacapina. Muwuh endah, harmonis, dina keset 
jeung sintreuk kacapi. Mang Anda eureun tina nabeuh, Mang Yaya mah terus, najan 
harita tarawangsa teu pati dipirosea ku balarea. Nya ganti pasangan, manehna 
ngadidik Kang Udin urang Cinangka. Ayeuna nasib Mang Yaya pikawatireun, 
ngajoprak teu walakaya.

              MANG Yaya, kitu kuring nyebut ka anjeunna teh. Nyebut emang teh, 
pedah kawin ka kapibibi sabrayna kuring, ka Bi Erah. Mang Yaya aslina mah ti 
lembur Lebaktulang, ari Bi Erah mah ti Cijere. Kuring asli urang Cijere. Lembur 
Lebaktulang jeung Cijere teh paeunteung-eunteung, masih sadesa, nya eta desa 
Nagarawangi. Harita kawin ka Bi Erah teh ngaduakalina, mawa anak tilu. Anakna 
nu bungsuna mah saumuran jeung kuring.
              Natrat panineungan ngeunaan kahirupan Mang Yaya. Sainget,  
anjeunna teh tukang ngeset tarawangsa. Harita layanna teh Mang Anda urang 
Cipala, Mang Anda mah kabisana teh kana metik kacapina. Umurna, sapantaran wae 
jeung Mang Yaya. Ngan sanggeus Mang Yaya pindah ka Cijere, ka lembur Bi Erah, 
rada jarang Mang Anda marengan nabeuh. Malah ahirna mah eureun. Sigana jauh 
teuing ti imahna.
              Mun mireng Mang Yaya jeung Mang Anda nabeuh, hate teh kokoleangan 
lir langlayangan ulin dialak. Bener-bener rasa kabawa ngalayang ku sora 
tarawangsa nu diulinkeun ku Mang Yaya. Lebah lagu Ayun Ambing, Angin-angin, 
Mataraman, jeung Jemplang, muwuh matak endah. Sora kesetna ngawirahma, 
kaanginkeun ku angin, rumayap dina simpena peuting. Da kapan tarawangsa mah 
ditabeuhna sok peuting, ti jam salapan nepi ka janari samemeh bedug subuh 
ngadurugdug ti masigit
              Tarawangsa ditabeuh teh biasana jang nyalametkeun imah, salametan 
nyalin atawa panen pare, ngariakeun, atawa nyalametkeun orok nukarek lahir. 
Atawa dina acara ngalaksa jeung acara mubur suro. Tarawangsa teh seni nu 
mihormat kana Nyi Pohaci Sanghiang Sri atawa kana pare.
              Biasana mun mulang nabeuhna teh, ukur dibahanan sasajen jeung 
pare sageugeus sewang. Nu boga hajat sok nitah nu digawe dina eta hajat sangkan 
mangnanggungkeun sasajen tea ka imahna Mang Yaya. Ka ayeunakeun sok remen 
dibere ongkos jang naek ojeg. Nu nganteurkeun teh ngarekeh nanggung sumbul 
atawa boboko, mapay-mapay jalan satapak nu cipruk keneh ku cireumis. Sasajen 
teh biasana geus pada ngadago ku para pamuda nu biasa lohong ka imah anjeunna. 
Mang Yaya teh sok ngabina pamuda sangkan resep kana seni karuhun.
              Taun 1980-an basa Nagarawangi dicekel ku Kuwu Asri, harita 
tarawangsa teh kawas rek pareum. Ukur sababaraha grup nu aya, di antarana di 
Cikondang, di Legokpicung, jeung di Cibunar. Matak keueung, lantaran mimiti 
langka nu nabeuh. Inget keneh harita aya gerakan cinta kana tarawangsa. Mang 
Yaya singkil, ngajak ka Anang Gunawan nu harita cekel gawe jadi guru SD pikeun 
ngayakeun lomba nabeuh tarawangsa jeung ngigelanana di tingkat SD. Oge aya 
lomba nabeuh tarawangsa di antara grup nu aya di Rancakalong. Hasilna luar 
biasa, tarawangsa bisa menyat deui. Malah aya jadwal nabeuh di radio stasiun 
daerah. Jadwal manggung teh saminggu sakali. Ngear saban malem Rebo, maturan nu 
leleson sabada mulang gawe ti kebon.
              Tarawangsa pada mikawanoh deui, malah kaum akademisi mimiti 
daratang ti Bandung. Harita nu di ajar teh ti Kokar (SMK 10), jeung ti ASTI 
(STSI). Malah loba nu nyieun tugas ahir ngeunaan tarawangsa, di antarana aya nu 
nyieun skripsi, tesis jeung desertasi. Mang Yaya ge remen diogan ka Bandung 
pikeun jadi guru tamu atawa dosen tamu. Malah kungsi magelaran di gedong 
kasenian di Bandung. Kungsi maen di TVRI Bandung jeung di RRI Bandung.
              Malah pelukis teureuh Rancakalong, Umar, remen ngabringkeun turis 
asing pikeun ngadongdon tarawangsa. Ngeunaan tarawangsa geus kaambeu ku 
internasional jeung nasional. Sababaraha mahasiswa asing nalungtik ngeunaan 
tarawangsa jang kapentingan tesis katut desertasina.
              Tapi Mang Yaya mah angger kitu, peutingna manggung, teu sare ti 
jam 8 parat nepi ka subuh. Nabeuh bari sila, ngaladenan nu ngigel. Ti mimiti 
acara ngalungsurkeun nepi ka nginebkeun, rema-remana teh ngulinkeun keset jeung 
senar. Minangka ubar tunduhna teh ngaroko jeung nguyupan cikopi nu liket. 
Hayang kahampangan ge ditahan, lantaran saha gantina atuh mun anjeunna nyelang 
heula mah. Jarang jalma nu biasaeun ngeset, beda jeung nu ngacapina, loba nu 
bisaeun.
              Sigana alatan loba nahan kahampangan, jeung terus-terusan 
nguyupan cikopi, “kantong kemihna” ayeuna kaserang kasakit. Mang Yaya ngajoprak 
teu bisa kahampangan. Teu walakaya. Sang seniman teh ukur bisa humarurung. Geus 
beak nanaon keur uubarna. Cenah kudu dioprasi.  
              “Duit ti mana atuh keur ngaoprasina. Keur kontrol ge kawalahan. 
Geus lieuk euweuh ragap taya ayeuna teh!” ceuk Bi Erah dibarung ku nyegruk 
ceurik.
              Cenah, kahayang mah dibawa ka Bandung, ka Rumah Sakit Hasan 
Sadikin, tapi teu boga waragadna. Pemda Kabupaten Sumedang, utamana dina 
pariwisatana teu ieuh paduli ka Mang Yaya nu kungsi nyeungitan Sumedang dina 
seni tradisina. Kitu deui Bupati jeung rengrenganana, can  aya kanyaahna ka 
seniman nu ayeuna teu walakaya alatan teu boga duit  jang uubar. Mang Yaya 
memang geus teu walakaya. Ukur ngajoprak dina kasur. Kahampanganana geus make 
selang, da puguh taya waragad keur ngoprasina.
              “Mang Yaya teh gede jasana kana kasenian tarawangsa. Lian ti 
ngajaga, ngamajukeun, oge ngadidik nonoman sangkan resep kana eta seni. Malah 
para akademisi di Bandung, loba nu geus jadi jelema nu baheula mah 
panalungtikanana teh ti ieu lembur. Tapi, ieu no boga jasana teu dipirosea. 
Dina kaayaan keur kaserang panyakit parna, boro-boro aya nu nempo, dalah 
pamarentah ge apilain pisan. Harianeun…” ceuk Ajang nu ngaku bisa nabeuh teh 
alatan diwarah ku Mang Yaya.***

              Dicaritakeun ku Usman Supendi, wartawan Galura. 


    .

   *****************************************
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.

Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta
***************************************** 

*****************************************
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.

Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta
*****************************************

<<kg.gif>>

Kirim email ke