Assalamu'alaikum wR. wB.
 
Kang, punten abdi bade daftar kanggo ngiringan kana acara HBH, anu bade angkat 
sakulawarga ( pun bojo sareng dua murangkalih)
 
Punten upami alamat lengkapna, tempat acara teh di Jatiluhurna di palihmana?
 
Hatur nuhun,
 
Salam,
 
Adin
08122114469
 
 
 

--- On Fri, 9/12/08, Badrudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Badrudin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Wawar HBH
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Friday, September 12, 2008, 12:07 AM






Wilujeng siang baraya, 

Warta nu pangenggalna tina rencana HBH KUSnet 2008 nyaeta :

InsyaAlloh HBH bakal diayakeun di Jatiluhur, ngeunaan acara memang 
HBH nu bakal datang ieu formatna rada benten sareng HBH nu atos-atos.
HBH nu bakal datang ieu (urang sebut silaturahmi we nya, ari HBH mah 
bisi aya nu nyebut sandekala) heuheu…

Acara silaturahmi ieu rencana na bade diayakeun ping 4-5 oktober 
2008 dinten saptu malem minggu nu acara intina nyaeta ngendong malem 
mingguan, kongres bari menikmati domba guling (kambing guling) + 
dipirig ku kacapi suling, aya oge acara beubeuleuman bari ngopi 
atanapi ngeteh ssjb, jadi acarana santey pisan, cocoklah kanggo 
baraya nu sadidinten sibuk mikir bari meres otak tepi ka garing.

Kanggo acara ieu panitia tos nyiapkeun dua wisma kanggo ngendong, 
makan malam (kambing guling/sate + beubeuleuman) , sareng sarapan 
kanggo dinten minggu enjing.
Ku ayana rencana silaturahmi ieu si kuring sareng rengrengan panitia 
ngaharepkeun pisan partisipasi ti sakumna baraya, saha-saha nu bade 
sumping ka acara ieu mangga geura daftar supados panitia gampil 
nyiapkeun sareng utang-itung sagala nu diperlukeun. 
Atuh bilih aya nu bade nyumbang mangga ulah isin-isin.

Kanggo nu bade daftar tiasa nga-reply email ieu (tambihan daftar 
dihandap) atanapi tiasa oge ngajapri ka email si kuring 
([EMAIL PROTECTED] com) ka kang Dikdik ([EMAIL PROTECTED] com) ka the Imas 
([EMAIL PROTECTED] com) atanapi tiasa oge telp atanapi sms ka nomer 
si kuring 021-32923678, 0813 8096 5991 ulah hilap sebatkeun baraha 
urang nu bade sumping.

Rupina sakitu heula warta ti si kuring, InsyaAlloh setiap aya 
perkembangan ngeunaan acara Silaturahmi ieu engkin di alungkeun ka 
milis, hapunten pami aya seratan nu kirang merenah.

Dugi ka danget ieu nu tos daftar nyaeta :

1. Apih Siddik Sakulawargi
2. kang Dikdik
3. the Imas
4. si kuring (badrudin)
5. kang Toni Sofian
6. kang Panzi + si cincya nyah
7. neng Gia (Mattel)
8. neng Mia
9. neng Evi + si yayang nyah
10. Wa Tito (sakantenan pulang kampung)
11. kang Ndoell
12. kang Ikmal
13. kang Kamal
14. kang Kumi sakulawargi
15. kang Iim
16. the Tien (ipeuting)
17. neng Iva (mojank_akank)
18. kang Bohay
19. neng Litha
20. ……………..?
21. ……………..?
22. ……………..?
23. ……………..?
24. ……………..?
25. mangga ah geura tambihan

Jatiluhur.. jatiluhur.. jatiluhur….
Hayu ah urang ramekeun acara silaturahmi ieu…

Bdn.
-kanggo kang Dikdik + teh Imas mangga ah tambihan

 














      

Kirim email ke