--- On Mon, 9/22/08, nia surniasari <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: nia surniasari <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo nu Bade Nyumbang
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Monday, September 22, 2008, 9:31 PM








Kang Kabayan,
Hapunten bade naroskeun.
Dupi 'Waditra Tarawangsa' teh naon nya ?
 
Waditra Tarawangsa mah sok disebat rebab jangkung. Kawatna dua. Ditambih 
kacapi, kawatna tujuh. Biasana nu sae mah didamelna tina tangkal kananga. 
Ngarah seungit, ngarah kiat, sareng harus. Tarawangsa teh simbol hormat ka Nyi 
Pohaci Sanghiang Sri. Saur sepuh kapungkur, tong miceunan sangu atanapi beas, 
bilih Nyi Pohaci bendu atanapi nangis. Eta tah kantos ditalungtik ku urang 
Jepang, pangna masarakat urang rawan pangan alatan teu hormat ka pare, teu 
nyaah ka beas.
Urang Jepang antos nalungtik piring tilas tuang di restoran sareng tilas tuang 
di bumi-bumi urang Sunda. Hasilna, tina sapiring sesa remeh (sangu nu kapiceun) 
minimal 10 siki. Di restoran mah langkung seueur. Kalikeun wae sapuluh remeh ka 
jumlah penduduk jawa barat nu kirang langkung 42 juta. jadi 10 X 24.000.000 
=....., dikali dua kali tuang. hartosna sadinten sabaraha karung beas nu 
kapiceun.
Tah, seni tarawangsa teh seni nu ngaisaratkeun urang kudu heman, hormat, jeung 
nyaah ka pare.
 

 



Recent Activity


 14
New MembersVisit Your Group 


New web site?
Drive traffic now.
Get your business
on Yahoo! search.

Y! Messenger
Instant smiles
Share photos while
you IM friends.

Cat Groups
on Yahoo! Groups
Share pictures &
stories about cats.
. 
 














      

Kirim email ke