kang abbas, cek kuring mah menjabarkan bisa disundakeun jadi mérélékeun,
ngabeunyeurbéaskeun.
dina perkara narjamahkeun mah sabenerna lain basa sunda wae nu matak
pigetekkeun teh. ampir dina kabeh basa ge bakal manggihan kesulitan (tuh!
hehe) nu samodel kitu. sabab teu sagemblengna kecap dina hiji basa boga
padanan (tuh deui! hehe) nu sarua dina basa sejen. jalan kaluarna mah, lian
ti kudu resep ngotektak kamus oge kudu wani nyerep kecap-kecap nu piheseeun
eta, bisa oge nyieun kecap nu bener-bener anyar atawa kecap heubeul nu
ditambahan hartina..

heuheu teu nyambung nya?


On Thu, Sep 18, 2008 at 9:41 PM, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Nulis carpon mah kaitung rada babari ku Basa Sunda teh; tapi lamun
> nulis Ilmiah , komo mun nulis masalah Qur'an jeung Agama; eta teh rada
> bangga; naon sababna?
> Basa Sunda nu sok dipake sapopoe teh, geus langka pisan ; diayana oge loba
> nu saralah tempat jeung ste. Atuh basa Sunda teh kacida kakuranganana di na
> kamekaran jeung kakayaan bahasana. Contona laun urang rek nyebutkeun
> penjabaran di na bahasa Indon, kapan rada hese tah; nya kapaksa meureun
> urang nyomot saeutik tina basa Indon , jadi ngajabarkeun. Be lah da bongan
> Bahasa Sunda mah ampir teu aya dayana , mun embung disebutkeun ampir
> sahoshoseun oge; lantaran kurang dipalire ku urang sorangan .Kurang dipalire
> , jeung jigana kurang dihargaan ku bangsa urang pituin.
> Nu matak lamun ngobrol ngeunaan Ilmiah asa ngeunah keneh make basa Indon ti
> batan ku basa Sunda.
>
> Tah kumaha baraya , jeung dulur dulur urang Sunda ? Saha nya nu bakal
> mekarkeun basa Sunda ka hareup ? Naha bakal diaranep wae kituh kasilih ku
> waktu ? Duka teh teuing .
> ._,___
>

Kirim email ke