Hatur nuhun ka wargi-wargi di handap ieu nu parantos nyumbang. Mugia 
kasaeanana dibales ku Alloh SWT. Ieu seniman teh parantos manjangkeun 
lalakon seni tarawangsa, titinggal Jaman Mataram/Sumedanglarang. 
Anjeunna panyambung karuhun, ti rumaja kenah. Ngarawat, miara, 
nuluykeun tradisi seni Tarawangsa nu pinuh ku ajen-inajen filosofis 
tatenen jeung miara pare. Dina tarawangsa digambarkeun sikep hirup 
urang Sunda nu biasa ngahuma jadi miara pare di sawah. Mang Yaya teh 
tukang nabeuhna, da saehuna mah Pa Sukarma nu kantos dipasihan 
pangleler ku Kusnet. Ti rumaja keneh nabeuh, ti tabuh 9 wengi sapat 
nepi ka subuh, munasabah upami dina umur sariak layung kasehatanana 
kaganggu. Dina kaayaan ngajoprak, teu aya nu mirosea, kalebet Pemda 
Sumedang. 
Sakali deui haturnuhun ka wargi-wargi nu nyaah sareng heman ka 
kasundaan.

Ieu daptar donatur kanggo Mang Yaya nu nuju teudamang wales seniman 
Tarawangsa ti Rancakalong Sumedang, punten diumumkeun, sugan we 
ngabandang nu sanesna :)

1. kang Totong K Usman, jakarta, Rp 50.000, via mandiri
2. kang Ganles, Bali, Rp 250.000, via bca
3. kang Suryana, Bdg(?), Rp. 100.000 via bni
4. teh Roro Rohmah, Bdg, Rp. 50.000 via bca
5. kang Oman Abdurrachman, Bdg, Rp. 100.000, via bca
6. Mamat Sasmita Bdg Rp. 50.000,- via Mandiri7. Bah Willy Bandung Rp 
100.000, via Mandiri
total RP. 700.000 (tujuh ratus rebu rupiah),  Anu bade ngiring 
nambihan tiasa transfer ka : BCA DAGO BANDUNG
777 0265 473
atas nami Jamaludin

BNI ITB BANDUNG
002 808 6964
atas nami Jamaludin  Bank Mandiri KCP Kanpus Telkom Bandung
1310004495760 an Mamat Sasmita

upami tos transfer, sms ka 08 11 24 54 87 (Mang J) atanapi ka 0817 22 
85 21 ( MSas)
saha sareng sabaraha kanggo catetan Kadeudeuh Ka Mang Yaya MSasmita 
 

Kirim email ke