Cik saha deui anu bade dakwah salian ti Manhaj Salafy Wahabi...mangga
diantos..

On 9/26/08, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    "Saestuna jalma-jalma nu kafir ka Allah jeung rosul-rosul-Na, jeung
> boga pamaksudan ngabedakeun antara Allah jeung rosul-rosul-Na, jeung nyarita
> :"Kami iman ka nu sawareh jeung kami kafir ka nu sawareh", jeung boga
> pamaksudan nyokot jalan tengah di antara eta (iman jeung kafir), maranehna
> jalma-jalma kafir anu sabenerna.  Kami geus nyadiakeun keur jalma-jalma
> kafir siksaan anu hina: (An Nisa 150-151)
>
>
>
> "Demi Rabb anjeun, maranehna teu iman nepi ka maranehna ngajadikeun anjeun
> hakim dina perkara anu di pasaliakeun, terus maranehna teu ngarasa wegah
> dina hatena kanu naon-naon anu geus anjeun tangtukeun, jeung maranehna Iman
> sagemblengna" (An Nisa 65)
>
>
>
> Syaikhul Islam Muhammad bin Abdil Wahab An Najdi nyarita: "Para ulama
> sakabehna geus sapuk yen mun hiji jalma narima Rosulullah Shallallahu'alaihi
> wassalam dina hiji perkara jeung nolak dina perkara nu lian, manehna kafir
> jeung teu kaasup Jalma Islam. Kitu oge mun manehna iman kana sawareh
> ayat-ayat Al Qur'an jeung ingkar kanu sawarehna deui saperti jalma nu
> nucapkeun syahadat tapi teu nganggap wajib shalat, atawa nu ngucapkeun
> syahadat jeung sok sholat tapi teu nganggap wajib zakat, atawa teu nganggap
> wajib puasa jeung haji"
>
>
>
> Satiap muslim wajib pikeun narima ka sakabeh anu geus diturunkeun ku Allah
> ngaliwatan Al Qur'an jeung Hadits bari teu ngabeda-bedakeun antara hiji
> hukum jeung hukum nu lianna. Singsaha anu ingkar tina hiji hukum anu geus
> diturunkeun ku Allah saestuna manehna geus kaasup kana golongan jalma kafir.
> Kaasup di antara golongan ieu nyaeta jalma-jalma anu NGAHALALKEUN naon-naon
> anu geus DIHARAMKEUN ku Allah subhanahu wa ta'ala atawa ngahalalkeun
> naon-naon anu geus diharamkeun ku Allah subhanahu wa ta'ala atawa nganggap
> teu nanaon mun ngarempak naon-naon anu geus diparentahkeun dina agama.
>
>
>
>  "Teu kunanaon nginum bir lamun keur tiris mah, supaya haneut kana awak"
>
> "Teu kunanaon gapleh mun tarohanana leutikmah, lumayan supaya teu tunduh
> mun pas ngaronda"
>
> (Nginum Khamr jeung Judi haram – Al Ma'idah 90-91)
>
>
>
> "Teu kunanaon korupsi ari saeutikmah da ieu mah lain keur poya-poya ngan
> saukur keur barang dahar"
>
> (Korupsi hukumna sarua jeung maling anu geus jelas haramna)
>
>
>
> "Teu kunanaon nginjeum ka bank ari bungana leutik mah, nu haram mah nu
> bungana gede"
>
> (Renten geus diharamkeun – Al Baqarah 275-276, jalma nu mere, nu narima, nu
> nulisna dilaknat Allah  - HR Muslim)
>
>
>
> "Naha kudu dilarang-larang sagala tibang ge awewe make tanktop, bujal
> jeung bujurna kamana-mana, teu kunanaon atuh. Jilbab teh pan teu wajib. Eta
> mah ngan saukur kabudayaan urang arab. Kabeneran urang arab mah nafsuna
> gede. Jadi mun awewe di arab teu make jilbab bahaya bisa diperkosa"
>
> (Nutup aurat dina Islam hukumna wajib – Al Ahzab 59 & An Nur 31)
>
>
>
> "Hukum pancung jeung hukum potong leungeun mah lain hukum urang Indonesia,
> teu cocok digunakeun dina jaman ayeuna. Jeung na deui ieu hukum teh
> ngalanggar HAM"
>
>
>
> "Sistem pamarentahan syariat Islam teu cocok pikeun nagara urang, nu cocok
> mah sistem demokrasi, komo ayeunamah geus loba partai Islam jeungna deui
> pan urang indonesia teu islam kabeh"
>
>
>
> (Wajib make hukum Allah – Al Maidah 44)
>
>  
>

Kirim email ke