"Jay, hampura uing nya.."
"Heueuh Dul, uing ge menta dihampura"
"Uing loba dosa ka maneh teh Jay"
"Uing nu loba dosa ka maneh mah, Dul"
"Uing nu sok tiheula ngaheureuyan wae maneh.."
"Rarasaan mah, puguh uing nu sok tiheula ngaheureuyan teh"
"Uing apanan anu sok luduk ledek ka maneh"
"Heueuh, tapi pan uing mimitina pan ?"
"Rarasaan mah uing tiheula nu salah ka maneh teh.."
"Ah henteu, puguh uing..."
"Uing ah, Jay"
"Ih ari maneh, puguh uing.."
"Uing nu salah teh Jay, uing !!"
"Naaa ari maneh atuh, meni keukeuh kitu, puguh uing nu salah...!"
"Lain keukeuh, da memang kanyataanana kitu, uing nu salah !"
"Uing !"
"Uing ah !"
"Na ari maneh atuh ni kabina-bina teuing, uing nu salah mah !"
"Maneh nu kabina-bina mah, puguh uing nu salah !"
"Belegug pisan maneh mah, puguh uing nu salah ka maneh !"
"Uing nu salah ka maneh !"
"Uing ! belegug !"
"Maneh nu belegug mah"
"Bangkarwarah"
"Sia nu bangkarwarah mah, hakaneun tetelo!"
"Sia !"
"Ah puguh sia!"
"Naon ari sia ? ngajak gelut sia teh ka aing ?"
"hayu !, sugan mah teu aing teu wani ?
"sbvxcaso9uqwe @&[EMAIL PROTECTED] !"
"wqiowe1,ehl1wjeh;1w !"


Wilujeng Lebaran...
Hampura uing,
nya ?


-Jay-



Kirim email ke