Teuing kumaha rasana beuleum lauk model Jimbaran Bali teh, da kuring acan 
kungsi ngasaan, maklum sanajan kungsi sababraha kali ka Bali (lain ulin tapi 
ku pagawean), tara ngahajakeun jajan di tempat parawisata, sieun mahal 
....hehehe. Tah poe saptu kamari kuring jeung pamajikan neangan bibit 
bubuahan di Sukahaji Rajagaluh majalengka keur pelakeun di buruan. 
Kulantaran lieur ku pamajikan nu palah-pilih wae bibit, kuring rarat-reret 
sugan aya tempat keur diuk nungguan pamajikan balanja pepelakan,  breh 
katempo aya Rumah Makan nu make merek "Ikan Bakar Ala Jimbaran".  Ah teu 
dipikir deui, kuring ngajak budak, ninggalkeun indungna nu keur paciweuh 
padungdengan jeung nu jualan bibit, asup ka Rumah Makan eta.

Rada kaget oge, kakara oge rentang-rentang rek asup, si pelayan geus 
tuturubun siap-siap nyambut. Kuring asup bari tempa-tempo dituturkeun ku 
pelayan.  Geuningan tempat daharna mangrupakeun saung-saung "lesehan". 
Kuring jeung budak milih salah sahiji saung. Si pelayan ngasongkeun menu nu 
eusina rupa-rupa lauk nu dibeuleum atawa digoreng. Aya lauk laut aya oge 
gurame. Hanjakal dina menuna teh teu aya hargana. Sieun mahal ....sabab 
biasana ari kadaharan "seafood" mah hargana sok leuwih onjoy, kuring nanya 
ieu teh sabarahaan. Si Pelayan kalahka cengar-cengir, teu terang cenah.

Jadi rada bingung, untung  ibu-ibu dicindung nu nanggeuy baki mawa gelas 
inuman, manehna ngilu nembalan: "Aduh punten Bapa, nembe buka ngawitan 
dinten ieu, sadayana masih panik, teu puguh cabak. Langkung sae bapa 
ningalian wae, mana lauk nu dipilih, tuh dina boks"

Sigana si Ibu teh nu bogana. Kuring nurut nempoan lauk dina boks bari 
dibarengan ku saurang lalaki didinya (singhoreng si Bapa teh salakina si 
Ibu) Laukna Kakap bodas, gurame jeung nila. Kakap bodasna cenah meunang hese 
neangan ti Indramayu. Kuring rada ngahuleng, sabab biasana lauk laut nu 
ngeunah dibeuleum mah lain kakap, tapi baronang atawa bawal. Tapi kulantaran 
euweuh, nya teu nananon lah kakap bodas oge.

Sanggeus nungguan ampir satengah jam, pesenan kuring datang. Barang diasaan 
....luar biasa, maknyus alias nikmat. Bumbuna beda jeung lauk beuleum di 
Bandung, nu biasana ukur kecap dicabean. Bisaan si Bapa (atawa si Ibu) 
masakna, ngan hanjakal pisan ku lila nungguanana.

Waktu mayar, si Bapa teh menta kritik ti kuring. Ceuk kuring teh lauk 
beuleumna mah luar biasa ngeunahna, ngan hanjakal pelayanana lila jeung jiga 
mani pabaliut kitu. Si Bapa nu boga teh menta dihampura, maklum kakara buka 
poe ieu. Ku kuring teh ditanya: "Lami Pa ngumbara di Bali?'

"13 taun, bisnis batu, mung ayeuna nuju lesu, nya nyobian muka rumah makan 
di lembur", cenah. Duka batu naon, ngan waktu ditempo bon makan, geningan si 
bapa teh make bon CV di bali, nu aya kecap-kecap "carving" ......

Tah baraya upami ngalangkung ka Sukahaji- Rajagaluh Majalengka, di tempat nu 
ngajualan bibit bubuahan, mangga geura cobian, beuleum lauk lautna. Promosi 
saeutik, keur ngahargaan si Bapa jeung si Ibu nu geus wani nandonkeun muka 
usaha anyar. Kawani muka usaha pan perlu dihargaan sanes?

Baktos,
WALUYA
 

Kirim email ke