Steven Cungahgore
Teu beda jeung bang Toyib, geus tilu kali lebaran Steven Cungahgore teu mulang 
mulang kalemburna, di Bojong kenyot. Cenah, lain teu hayang nurutan jiga batur 
anu mulang saban lebaran atawa saban bulan, kalan kalan aya nu saban minggu 
sagala, ngan manehna geus wakca mun can sukses moal waka balik. 

Urang Bojongkenyot mah geus paraham lamun balik ti panyabaan geus mawa mobil 
weuteuh atawa ngiringkeun pamajikan satilu tilu, geus dianggap jalma sukses. 
Biasana waktu lebaran nembongkeun kasuksesanana teh. Balukarna sapoe ka lebaran 
di Bojongkenyot jadi heurin ku kandaraan, sapaparat jalan diunggal buruan pinuh 
ku mobil weuteuh, malahan gigireun paranje ge beak kuparkir. Kitu deui jadi 
heurin ku nu barahenol,unggal waktu aya we nu balawiri, meureun nu eta ge 
daratang tikota bawa urang Bojongkenyot anu geus sukses.

Geus cunduk kana waktuna lebaran taun ieu Steven Cungahgore nohonan jangjina, 
balik kalembur kalayan ngaringkid honda jazz kelir beureum moronyoy 
pikabitaeun. Beja nu sumebar, cenah Steven Cungahgore kiwari geus jadi jalma 
sukses alatan jadi kolektor dompet antik, padahal nu saenyana dompet nu sakitu 
ngaleunyana lain hasil tina usaha nu sawajarna, tapi hasil tina 3C, Cupat Copet 
Capit, kitu deui mobil nu dibawana ngan ukur mobil rentalan. Pamikirna daripada 
kapahung saumur umur teu bisa balik dipangumbaraan, leuwih hade gudar 
gedor,najan tekor tapi sohor. Panampilanana ge beda pisan jeung Steven 
Cungahgore tilu taun katukang basa manehna nek indit kakota, ayeuna mah awakna 
ge pinuh kutato kayaning gambar  keuyeup, kalajengking, hurang, sendal capit 
jeung gegep, diluyukeun jeung hobina, cupat capit.

Harita pas poe lebaran pisan, sabada sungkem jeung indung bapana Steven 
Cungahgore gura giru indit ka kuburan akina nek nadran sakalian nek komplen 
lantaran baheula akina kungsi mere jangjawokan pikeun mikat wanoja, ngan pas 
dipraktekeun ka saurang wanoja manan kapincut kalahka nyiduhan. Tilu jam lima 
belas menit Steven Cungahgore ngalelengkur diluhureun pajaratan akina, ngirim 
doa nepikeun ka luut leet kesang, nincak ka doa panutup, ngadadak pundukna aya 
nu noel. "Lain ieu kuburan aki maneh mah atuh, tuh nu itu!" Ceuk mang Jhoni 
Kober anu sapopoena purah ngagali kubur, mere nyaho. "Maenya mang, atuh lapur 
ngadeluk ngadoa meunang tilu jam teh kudu diulang timimiti deui, da salah 
sasaran!" Tembal Steven Cungahgore bari muru kuburan anu dituduhkeun ku mang 
Jhoni Kober, gog cingogo. "Copy pastekeun we euy doana tinu tadi meh teu 
cape!"Jhoni Kober mere ideu. "Aeh enyanya, ideu bagus tuh!" Tembal Steven 
Cungahgore serengeh.

Lir selebritis, sorena Steven Cungahgore ngayakeun open house, pangeusi lembur 
tumplek daratang, kaasup para wanoja anu ngadadak sing darilak hayang 
dipikaasih ku manehna. Wanoja nu baheula nyiduhan ge katingali aya "Dulu boleh 
bertingkah, tapi sekarang sudah waktunya bertekuk lutut!" Gerentes Steven 
Cungahgore bari neuteup anteb.

Lebaran poe kadua Steven Cungahgore ngabedahkeun balong akina. Sapopoe ngeueum 
dina cai tur paguley jeung leutak, pas hanjat tato gegep jeung sendal capitna 
luntur, anehna tato keuyeup, hurang jeung kalajengking mah teu luntur, ngan 
robah jadi gambar geleng dage.

Sanggeus lima poe dilembur, poe kagenepna Steven Cungahgore balik deui 
pangumbaraanana,pas nepi, teu langsung kapondokna tapi langsung ka terminal, 
maksudna nek menta dihampura sugan we cenah panggih jeung jalma jalma anu 
kungsi dicopet ku manehna baheula. Hayang alih propesi Steven Cungahgore teh, 
ngan nek investasi di pasar modal kaburu krisis global, nek jualan,cenah ceuk 
ahli weweton teu cocog, nek jadi kuroptor naon nu dikorupsina, nya kapaksa 
ngagugulung deui propesi heubeul, sakalian nyalurkeun hobina nyaeta 3C, Cupat 
Copet Capit. Hasilna cenah jeung modal kawin, meh unggal poe bisa 3C oge, Culak 
Colok Celengok! Beu!
*****syam ridwan*****

Kirim email ke