Sumber: http://lemburkuring2007.wordpress.com/2007/05/07/taman-purbakala-cipari/ TAMAN Purbakala Cipari teh perenahna di Kampung Panawarbeas kaereh wewengkon Kelurahan Cipari, Kacamatan Cigugur. Kabupaten Kuningan. Lamun dijugjug ti Cirebon mah anggangna kurang leuwih 35 Km ka tebeh kidul. Ari Kelurahan Cipari, baheula mah ngarupakeun kampung nu ngindung ka Desa Cigugur Kacamatan Kuningan. Robah ngaran jadi kelurahan soteh sanggeus Cigugur jadi Kacamatan jeung Kelurahan Cigugur dimekarkeun. Baheula, Desa Cigugur ngawengku lima kampung atawa blok, nya eta Kampung Cipari, Citamba, Panawarbeas, Cipager, jeung blok Mayasih. Nu disebut blok Mayasih, nya eta ngarupakeun pasir nu perenahna tonggoheun Kampung Cipager. Pasir Mayasih legana ratusan hektar nu ngawengku sawatara blok, diantarana aya nu disebut Blok Batu Nini jeung Situ Hyang, nu palataranana ngahunyud ku batu-batu nu kawilang badag. Tah, di eta lelewek pisan urang Cigugur kungsi manggihan batu lumpang, nu satuluyna oge kapanggih sawatara benda perunggu nu mimiti aya ti abad XVII, nu kapanggihna basa urang dinya keur macul di kebon. Satuluyna. di opat kampung kapanggih wangunan titinggal kapurbakalaan, nya eta mangrupa wangunan megalitik nu diantarana peti kubur batu, batu dakon, menhir jeung batu pelinggih nu kapanggih di Kampung Cipari, Citamba, Panawarbeas, jeung kampung Cipager. Nyutat katerangan Teguh Asmar, dina buku Seminar Arkeologi (Cibulan 2-6 Pebruari 1976), pedalan Pusat Penelitian Arkeologi Nasional Departemen P dan K 1983 Eskapasi (penggalian) di wewengkon Kuningan, dipitembeyan taun 1975 atawa opat taun ti saprak kapanggihna benda-benda pra sajarah. Nya eta ku cara ngali peti kubur batu di wewengkon Desa Cibuntu Kacamatan Mandirancan (ayeuna Kacamatan Pasawahan), Desa Rajadanu Kacamatan Jalaksana (ayeuna Kacamatan Japara), Desa Ragawacana Kacamatan Kuningan (ayeuna Kacamatan Karamatmulya), Kampung Panawarbeas jeung Kampung Cipari Desa Cigugur (ayeuna Kelurahan Cipari Kacamatan Cigugur). Saha Teguh Asmar teh? Taya lian patugas ti Direktorat Sejarah dan Purbakala Direktorat Jenderal Kebudayaan nu harita mingpin ngali benda-benda purbakala di wewengkon Kuningan. Nuu matak pantes, lamun Teguh Asmar apal persis, kumaha ngeunaan benda-benda purbakala mi kapanggih di wewengkon Kuningan. Malah ceuk katerangan Teguh Asmar dina eta buku kumpulan hasil seminar arkeologi, disebutkeun, mun dibandingkeun jeung situs-situs sejenna, pangapangna situs Cibuntu, Cipari leuwih mibanda strata ku variasi pamanggih nu nunjukeun bedana mangsa. Cibuntu saukur mibanda lima strata tanah pon kitu deui situs sejenna saukur tilu atawa opat strata kaasup stratum peti kubur batu jeung strata sanggeus peti kubur nu henteu kapanggihn hiji benda. Ari Cipari ngabogaan tujuh strata nya eta pacampurna starata hiji nepi ka strata lima, ku kapanggihna peti batu ngahiji jeung baliung batu pasagi, kampak perunggu jeung bentuk benda garabah kalawan sawatara variasi. Sedeng dina strata genep nepi ka strata tujuh kapanggih fragmen-fragmen benda garabah nu geus aus jeung di sawatara tempat nyebar atawa ngolompok fragmen batu chert, obsidian,atawa batu kwarsa sejenna. Dina strata hiji nepi ka strata lima, rea kapanggih kampak perunggu, dimana-mana rea kapanggih gundukan taneuh liat Kiwari, Taman Purbakala Cipari dijadikeun obyek wisata budaya jeung pendidikan. Teu saeutik para siswa jeung mahasiswa ngahaja datang ka Taman Purbakala Cipari pikeun studi tour, malah masarakat umum oge rea, nu ngarasa panasaran mah ngahajakeun datang ka Cipari. Memang, obyek wisata Taman Purbakala Cipari kawilang strategis, sabab aya di jalur pariwisata Linggarjati, Cibulan, Cigugur jeung Waduk Darma. Cindek na pikeun nu rek ngajujug Taman Purbakala Cipari henteu kudu kukurilingan, najan ti jalan raya Cigugur, rada jolok tapi jalanna ngabulungbung meulah pilemburan. aya meureun kurang leuwih 100 meter mah. Kepala Dinas Pariwisata Kabupaten Kuningan, Ir. Dendie Warsita nyebutkeun, nangtayungan jeung ngamumule Cagar budaya teh kawilang penting, sabab benda cagar budaya atawa situs nurutkeun Undang-Undang No. 5 taun 1992 ngeunaan Benda Cagar Budaya boga harti penting diantarana minangka eunteung sajarah manusa jeung kabudayaanana, media pendidikan masarakat, obyek pariwisata, tempat ngawanohkeun elmu kabudayaan antar daerah jeung bangsa, suaka alam cagar budaya, pikeun ngamalirkeun elmu pikeun umum, jeung tempat dokumentasi jeung panalungtikan ilmiah.* Kungsi dimuat dina Koran Galura
Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/