---------- Forwarded message ---------- From: Asep Deden <[EMAIL PROTECTED]> Date: Wed, Oct 29, 2008 at 6:21 AM Subject: Salam Pangwanoh To: [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED], urangsunda@yahoogroups.com
Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh. Kalayan nyebat asmaning Alloh Nu Maha Welas Asih tur Heman Nu ngawasa jagat raya uteuk tongo walantaga Kuwung-kuwung nu di luhur mega malang ayang-ayangan Dina ageman manten-Na Kalayan Alhamdulillah kalimah agung linuhung pangbedah talaga rasa sesetra talaga rena Ngudag jalan kawaluyan salamet dunya aherat Sholawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka junjungan alam Nabi Muhammad Sholallohu alaihi wa Sallam Mangrupi tuturus laku Pola lampah dina papancenan hirup Hirup katungkul ku pati Paeh teu nyaho di mangsa Hirup kudu ati-ati Ngajaga lampah jeung basa Sanaos tos lami ngantun Dasar nu miyuni santun Kaceluk ka kandang ewuh kakoncara ka janapria Ngajadi sabiwir hiji jadi lemek wong sakabeh Kadia ganda puspa arum-arum sekar manis petetan simadu ganda Titinggal sareng pusakana teu luntur ku lukut usum Teu laas ku supa mangsa Sarta teu leungit kasapih wanci Sakitu Salam Pangwanoh ti pribados, mugi kahartos tur karaos. Sarta katampi. Hatur nuhun. Wassalamu'alaikum Warohmatullohi wabarokatuh. Baktos pun, Asep Deden Zahid