Aya dua jelema lolong ngala kalapa

"Aing rek naek, maneh tungguan dihandap bagean ngitung kalapa!" ceuk nu
lolong kahiji, nu lolong kadua ngajawab, "Okeh!".

Nu lolong 1 nyabakan tangkal kalapa, sanggeus yakin nu cabak tangkal kalapa,
kalacat naek. Manehna teu apalaeun yen eta tangkal kalapa nu ditaekan teh
urut kabentar, euweuh dahan & daunna, sumaona kalapa. nyelengceng we kai
wungkul. Na bareng tepi ka punclutna, leungeunna kokosehan euweuh cepengen,
kalayaaang teh manehna ragrag kana taneuh. "Gebut!!!!!"

"Hiji!!!" ceuk nu lolong kadua ngitung bari sirahnana dangdak-dengdek
nyidikkeun asal sora nu ragrag.
"Aing ieu mah, deuleu!!!" nu lolong kahiji bari muringis nembal.

Salam,
Sarabunis Mubarok - Singaparna


Kirim email ke