Baraya,

Saha syekh Puji teh? ieu patarosan mucunghul sapadaharita nalika
nonton warta di tv ngeunaan inyana (manehna). Warta anu dilengkepan ku
wawancara langsung petugas satlah saurang petugas tv jeung inyana.
Dina warta tv, breh katembong syekh Puji keur diuk dina bangku,
nyarande kana tembok anu dina eta tembok ngagantung super tasbeh, enya
tasbeh anu siki-sikina oge sagede-gede buah lengkeng. Syek Puji
sorangan oge dikokongkorong tasbeh anu rada leutik manan tasbeh
raksasa anu dina tembok, make jubah bodas tapi teu make kopeah atawa
peci sakumaha ilaharna ajengan atawa kiyai; nyarita rada garihal jeung
rada aya citra sombong atawa adigung, rada nyapelekeun masyarakat oge
pamarentah (dina warta anu mimiti: "teu sieun sing ku aparata
pamarentah oge da aya alesanana dina agama", kl kitu nyaritana ka
wartawan tv).

Dina warta tv anu kasebut di luhur, teu ditingalikeun atawa teu
dicaritakeun naon nami jeung sajarah ringkes pasantren eta "kiyai".
Oge teu ditingalikeun kumaha jungkiringna komplek pasantren jeung
reangna pangaosan di tempat juragan syekh teh. Duka aya duka henteu
pasantrenna oge. Jadi...timana eta gelar syekh teh? manawi baraya aya
anu ngamonitor laporan atawa reportase media citak ngeunaan ieu syekh
jeung pasantrenna? Diantos iberna.

TV teh kawilang media anu pangjugalana. Anu narima informasi tina tv,
lian ti bisa ngupingkeun informasi sora (berita anu dibacakeun), oge
bisa ningal informasi non verbal, nyaeta informasi anu teu langsung,
anu cumarita tina naon anu katingal. Upamana wae, tangtungan jeung
dangdanan "sang syekh" eta geus cumarita ku soranganana sok sanajan
teu didadarkeun (teu dinarasikeun) ku pembawa acara. Malahan, carita
anu bisa katewak ku masing-masing pamirsa tina naon anu katingal
leuwih loba jeung leuwih kuta citrana, namper dina alam pipikiran
pamirsa/anu ningal. Basa non verbal dina wangun naon anu katingal dina
kasus media tv (media visual) eta leuwih kuat mangaruhan anu ningal.

Aya sababaraha hal anu ngeleketek si kuring natanyakeun ka-syekh-an
ieu "syekh" Puji. Kahiji, dina wacana Islam di Indonesia, geus arang
(langka pisan) digunakeun istilah "syekh" pikeun gelar ajengan atawa
kiyai atawa ulama pimpinan pondok pesantren. Kecap "syekh" asalna tina
basa Arab, "syaikhu" hartina, mun teu salah pimpinan atawa anu jadi
panaratas atawa "bos" atawa "juragan". Upamana wae, pimpinan para wali
dina hiji madzhab Sunni nyaeta Syekh Abdul Qodir Jaelani. Anjeunna
disebut "syekh" kusabab dianggap jadi pangwalina tina wali-wali anu
aya, atawa, kusabab loba anu nuturkeunana. Juragan anu ngurus jama'ah
haji di Arab sok disebut oge "syekh".

Dina sajarah Islam di Indonesia, aya hiji dua anu ku juru panutur sok
disebut "syekh", diantarana wae 'Syekh Quro" (kl abad 14 M) -
dipaparin gelar "syekh" kusabab anjeunna kaitung anu munggaran muka
pasantren Al Qur'an anu lokasina di Kawarang. Salah saurang murid ieu
Syekh Quro nyaeta Nyi Puteri Subanglarang, incuna Raja Sunda - Galuh,
Dewa Niskala, saaki jeung Sribaduga Maharaja (kawentar salaku Prabu
Siliwangi II atawa Prabu Siliwangi). Aya oge Syekh Lemah Bang, tokoh
aliran mistis atawa kerakyatan/pasisian/ anu ngalawan mainstream,
sajaman jeung Sunan Gunungjati. Jadi, kacindekanana, henteu
asal-asalan wae make gelar "syekh" teh. Gelar syekh dipaparin ku nu
sejen/lian, lain diri sorangan atawa ngaku-ngaku salaku "syekh"
Kacindekan sejenna: geus lila atawa langka istilah "syekh" tara dipake
atawa tara digunakeun ku pamimpin pondok pasantren atawa pamimpin
informal kaagamaan- Islam khususna - di Indonesia. Ari ieu? ujug-ujug
beleduh make gelar "syekh" bari ngaleng budak awewe umur 12 taunan da
cenah geus ditikah.

Kaduana, di kalangan pamimpin kaagamaan-Islam di Indonesia, model
kiyai, ajengan ataw ulama, trend atawa kacondonganana ayeuna justru
geus ngahargaan kana feminisme atawa gender tea. Tong boroning ngawin
atawa nyandung budak umur 12 taunan, anu teu ngawayuh alias isterina
hiji oge tos seueur. Nikah ka nu umur sahandapeun 15 taun geus teu
usum, boh di rengrengan masyarakat biasa atawa di rengrengan kiayai
atawa ajengan. Ari ieu? syekh ngawin isteri umur 12 taun bari jeung
rada jumawa ngumumkeun rek ngawin deui budak anu umur 9 taun jeung 7
taun (sok sanajan teu teu laju).

Katiluna, anu disebut "syekh" - lamun anu sabenerna - pasti handap
asor, boga jama'ah lumayan, aya pondok pasantrenna atawa padepokanana,
jeung...disorban atawa copelna: dikopeah alias henteu bulitir sirahna.
Utamana laku lampahna, tangtu handap asor, heunteu jumawa model anu
ditembongkeun ku "syekh" anu ti Semarang ieu. Anu kaopatna, tambahan
wae ieu mah, Semarang an sich (teu kaasup Kudus, Demak atawa Pati) -
hampura lain niat ngagorengkeun, tapi ngan saukur faktana - dina
sajarah Islam di Indonesia - henteu kawentar salaku tempat
tumuwuh-suburna pasantren anu ngamungkinkeun mucunghulna hiji tokoh
anu payus lamun dipaparin gelar "syekh".

Saha atuh "Syekh Puji" teh? mangga, daintos pangemut ti baraya sadayana.

Cag.

manar

Reply via email to