Ai banci lebet kana kategori istri atawa pameget?

_____________________________
Sent from my phone using Flurrymail - Get free mobile email and news at: 
http://www.flurrymail.com

--- Original Message ---
Date: Sat Nov 01 03:58:16 PDT 2008
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: Urangsunda <urangsunda@yahoogroups.com>, [EMAIL PROTECTED], [EMAIL 
PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Nong Gerak NGAMANIPULASI DATA
---

> From: "Nong Gerak" <[EMAIL PROTECTED]>
> awewe di dunya
> estu nyata leuwih loba,

Tadina mah teu katarik  rek ngometaran postingan Nong gerak, ngan kulantaran 
tulisanana NGAMANIPULASI DATA, nyebutkeun awewe leuwih loba ti lalaki, ku 
kuring dibere nyaho,  di Indonesia hasil sensus pangkahirna (taun 2000), seks 
ratio lalaki jeung awewe teh 100.6, hartina babandingan lalaki jeung awewe teh 
1006: 1000, jadi lalaki surplus saeutik ( 
http://www.bps.go.id/sector/population/pop2000.htm)

Kulantaran Nong Gerak, nyebutkeun dikamanakeun awewe nu sakitu lobana ari teu 
dicandung mah, tah ku kuring dibere data seks ratio di nagara-nagara Teluk, 
dimana aturan nyandung gampang pisan: (Sumber : 
http://www.census.gov/cgi-bin/ipc/idbsprd)

1. Arab Saudi, lalaki : 15,285,286  awewe : 12,861,371, seks ratio 119 lalaki : 
100 awewe
[Di Arab Saudi loba nu ngabujang tepi ka kolot, keur mah loba lalaki, 
ditambahan kabiasaan nyandung]

2.Qatar lalaki: 550,568  awewe: 274,221 seks ratio  200 lalaki : 100 awewe [Di 
Qatar kuduna mah lain poligami nu diijinkeun, tapi poliandri 
.....heuheuheu]

3. Kuwait lalaki: 1,570,287  awewe: 1,026,512. Seks ratio 152 lalaki : 100 awewe
[Pamarentah Kuwait ngangluh, lalaki Kuwait loba ngawin urang asing, heueuh da 
meureun teu kabagean]

Tah Nong Gerak, ari satuju kana nyandung mah teu nanaon, ngan ulah 
NGAMANIPULASI DATA, aranna eta teh ngabobodo batur .......

Salam,
WALUYA

Kirim email ke