ngiringan wa, nu jadi pananyaan: bah gugel

huru: *Litsia Chinensis*
kiputri: *Podocarpus imbricatus* (cek www.ditjenphka.go.id/), Podocarpus
neriifolius D. Don.(cek
http://www.kehatiugm.com<http://www.kehatiugm.com/v1/livingplants/livingplant3.php?nama=Kiputri>
)
waru: *Hibiscus tiliacus*
peuteuy selong: *Leucaena leucocephala  (Lam.) de Wit*
singawalang: *Petiveria alliacea* (obat tbc, cenah)
kimunding: (lebeng) upama kamuning: *Murraya paniculata*

On Tue, Nov 4, 2008 at 7:57 AM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Wilah bedog teh kakara disebut bedog lamun minimal geus dibere perah.
> Ari perah bahanna tina kai jeung tanduk atawa tulang. Nu tina kai diantarana
> tina ngaran tatangkalan saperti Kihiang, Kimunding (kamuning?), kiputri,
> pari, rasamala, huru, pinus, loka, jati, sonokeling, waru, jambu batu, jeruk
> bali, sawo, jengkol, peuteuy selong , limus piit, singawalang, boa loba
> keneh nu teu kasebut. Ambih kaciri rada legeg eta ngaran kai teh
> hayang dilengkepan ku basa laten.
> Nu geus kapanggih teh kihiang (Albizzia procera (roxb)), pari atawa sok
> disebut kihuut (glochidion molle bl), rasamala (altingia excelsa, noronha),
> limus piit (mangifera foetida, anacardiaceae), jati (guazuma ulmifolia),
> jeruk bali (citrus maxima, rutaceae), jambu batu (psidium guajava,
> myrtaceae), sawo (chrysophyllum cainito, sapotaceae), jengkol (pithecolobium
> lobatum).
> Nu can kapanggih teh huru, kiputri, waru, peuteuy selong, singawalang,
> kimunding. Duka teuing pedah neanganana geus tunduh duka teuing teu taliti,
> bet can manggih. Cik sugan baraya aya tiasa masihan nami laten.
>
> Hatur nuhun.
> MSas
>
>  
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Reply via email to