Naon kang ? 
ngilu rambai bulu irung?

-Jay-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aya kang!
> Sanes sibuk ngurus kaos, tapi sibuk melong tipi eta atuh obama 
deui, obama deui
> Obama meunang, jadi ngilu bungah, ngilu rambay cipanon, padahal mah 
teu hir teu walahir jeung obama teh
> Batur sakola basa di menteng lain,batur ulin lain, baraya oge lain.
> Malah mun inget ka nagarana,sok nyel ambek eta atuh da krisis ge 
bet kawas panyakit menular
> ngabarerang ka nagara urang, kitu deui mun keur nuker dollar meus 
meus naek meus meus yel ambek!
> Duitna lecet saeutik batur embung narima,padahal duit urang mah 
keur lecet, molongo urut dijepretan, bau luk asin deuih
> Ih aman we dina dompet!
> 
> Balik deui ka obama, ceuk sibarud tukang ngaburauk cenah kecap 
obama jeung mekin keur leutik remen pisan di ucapkeun.
> Kawas kieu :
> "Ma arud oyong emam auk!" ceuk sibarud, maksudna "Ma barud hoyong 
emam lauk!"
> "Hayang sabaraha laukna?" tanya emana
> "Oyong obama obama!" jawab sibarud, maksudna "Hoyong loba ma, loba 
ma!"
> "Nya yeuh atuh, ngan omat mekinnnnn!"ceuk emana deui, 
maksudna "ngan omat beakeun!" ngan waktu keur ngucapkeunana
> ngadadak salesma.
> 
> geus ah, bisi kadengeeun ku jhon mccain, kawantu hatena keur panas 
da eleh! heu heu
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: wanen 
>   To: urang sunda 
>   Sent: Wednesday, November 05, 2008 7:13 AM
>   Subject: [Urang Sunda] sono
> 
> 
> 
>   kang syam kamana yeuh? sono kang.. meni sibuk pisan jigana teh 
ngurus kaos.. heuheuy
>


Kirim email ke