"Jay …"
"Hmmm"
"Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu 
 ceuk uing mah teu adil"
"Oh kitu?"
"Enya.."
"Ah, maenya ?"
"Heueuh…"
"Ah, Piraku ?"
"Piraku..piraku… heueuh ih!"
"Contona ?"
"Contona, aya jelma goreng patut, tapi beunghar. Tuh tempo Mang 
 Ja'i. Jaba pamajikanana geulis, demplon, eplok cendol. Mun ceuk 
 lagu tea mah awakna jiga piul, buntut ngaguruntul, mun leumpang   
 ngageboy jiga buruy. Matak hokcai nu nempo. Sakapeung sok ngabanding-
 bandingkeun jeung diri maneh. Rupa kasep, dedegan sanajan teu jiga 
 Ade Rai ge, nya lumayan tegep. Tapi boro-boro kawin, boga kabogoh ge 
 apanan acan. Da euweuh nu daekeun ka maneh mah. Keur mah teu boga 
 kabogoh, pangangguran deuih.." 
"Hmm, trus ?"
"Aya deui, jelma nu baheula keur jaman sakola mindeng disetrap alatan 
 baong, atawa mindeng teu asup sakola, niley ulangan ge beureum kabeh 
 kelirna. Tapi naha bet ujug-ujug ayeuna panggih teh geus jadi 
 pajabat, aya nu jadi camat, aya nu jadi Bupati, aya nu jadi anggota 
 DPR. Padahal mun dibandingkeun jeung uing baheula keur sakola, tiap 
 taun rengking ka hiji. Kuliah nepi ka sarjana, tapi naha neangan 
 gawe nu rada pantes jeung pendidikan ge hese pisan. 
 Ngalamar gawe kaditu kadieu teu payu. Tungtungna dina meunang gawe 
 ge jadi sales. Sanajan ginding make dasi, kamana-mana ngajingjing 
 koper, tapi bari luut leet kesang leumpang nanawarkeun dagangan."
"Enya. Meni karunya nya ? Jaba cape, dagangan teu payu. Isukna ku 
 boss-na dicarekan. Heueuh ?"
"Tah enya, bener pisan Jay…"
"Karunya teuing atuh maneh teh. Trus, naon deui? cik keprukeun kabeh"
"Aya deui, tatangga uing. Mang Juned ngarana teh. sapopoe-na digawe, 
 indit isuk datang peuting, pasedek-sedek dina beus, seseleket dina 
 kareta, nagog dina angkot, tapi hirupna angger we sangsara. 
 Boro-boro bisa kabeuli imah, ngontrak ge nunggak deui nunggak deui. 
 Hutang di warung numpuk, pangabutuh jeung beubeunangan asa tara aya 
 cukupna. Ditambah deui harga sagala pangabutuh teu eureun-eureun 
 tingterekel bae. Asa hayang paeh bae, ceuk Mang Juned tea mah.  
 Sakapeung mun dibandingkeun jeung si Mardi, tatangga uing oge, masih 
 mending keneh si Mardi.  Gawe tiisuk nepi ka sore, sarua we. Tapi  
 indit gawe bari tumpak motor najan meunang ngiridit oge. Imah boga, 
 najan nyicil oge. Pagawean teu cape teuing, malah mah cenah, 
 lolobana waktu gawe ge ngan dipake ceting we jeung mimilisan."
"Ngeunah atuh nya ? Ngadaharan gabut atuh mun kitu mah…"
"Gabut ? Gabut teh naon ?"
"Teu apal, Gabut ?"
"Henteu, nu matak nanya oge."
"Matakna atuh, mun aya pelajaran eta teh asup !"
"Ih, geus kanu lain-lain deui bae. Naon atuh Gabut teh ?"
"Gajih Buta, belegug !"
"Owh… sugan teh naon.."
"Trus, naon deui ?"
"Aya deui, pahareup-hareup jeung imah uing. Ceu Eroh. Geulis. Make 
 tiung, rajin ibadahna. Jelmana sopan. Nya hade rupa nya hade budi. 
 Tapi boga salaki pamabokan. Kabeuki-na lalajo dangdut. Mun joget 
 diluhur panggung teh bari sok noelan bujur penyanyi-na. Ari aya nu 
 geruh, angger sok nyieun kaributan."
"Ari kitu, naon urusanana jeung maneh ?"
"Lain, padahal mun dipikir, mun ceu Eroh jadi pamajikan uing, meureun 
 asa bagja pisan. Nya geulis, nya solehah.  Rek dibungahkeun, rek 
 dipikanyaah. Moal rek dikukumaha. Moal dititah digawe, moal dititah 
 nyeuseuh, moal dititah nimba, …."
"Moal dititah dahar oge meureun nya ?"
"Ih nya heueuh atuh! Eh… moal, eh.. "
"Ah, siah pabeulit nyarita teh.."
"Ah, bongan maneh atuh ngakagokanan bae batur keur dongeng teh."
"Enya, trus naon deui ?"
"Aya deui, Bapana si Ujang . Rarasaan mah kudu kumaha ngajaga 
 kasehatan teh, cenah.  Dahar tara nu macem-macem,  jaba teu loba. 
 Eta ge sahuap-sahuap dahar teh. Nginum ci herang kabeuki-na. Olah 
 raga ge asa cukup sanajan  ngan saukur jogging saminggu sakali.  
 Ngaroko henteu, ngopi henteu, begadang ge tara. Tapi ceuk dokter 
 mah awakna teh pinuh ku panyakit. Jantung,  Kolesterol, darah tinggi 
 komplikasi jeung panyakit kutil. Tapi mun nempo si Udin Pelor, udud 
 ngelepus bae jiga euweuh eureuna,  kana kopi beuki, kana anggur 
 komo. unggal peuting ngolecer, tapi katempona teh jagjag waringkas 
 we. Tara kadenge gering"  
"Trus, naon atuh nu jadi masalahna ?"
"Asa teu adil.."
"Saha ?"
"Alloh…"
"Alloh teu adil ?"
"Enya…"
"Kasaha ?"
"Nya ka uing, ka batur oge…"
"Naha ?"
"Apan geus dicaritakeuuuun tadiiii…. Ih !"
"Lain, uing mah nanya teh Naha Alloh bet teu adil? Cik geura…"
"Nyaeta, uing ge pan hayang apal !"
"Atuh tanyakeun ka Alloh !"
"Eta oge geus ditanyakeun…"
"Ka saha ?"
"Nya ka Alloh atuh ! maenya ka tukang somai"
"Iraha ? "
"Nya tiap geus solat…"
"Trus, Alloh ngajawab naon ka maneh ?"
"Teu ngajawab nanaon…"
"Jadi Alloh teh cicing wae ?"
"Enya.."
"Naha Alloh bet ngabetem atuh ?"
"Nya teuing atuh !"
"Nya heueuh, mun Alloh bisa nyarita ka maneh mah, meureun Alloh ge 
 kudu nyarita ka sabaraha juta jelma nu sok tatanya jiga maneh!"
"Tapi naha atuh?"
"Mun maneh hayang nyaho jawaban Alloh, tanya kana diri maneh 
 sorangan, sabab Alloh mah aya dina diri urang sewang-sewangan"
"Ah teu ngarti uing mah. Cik atuh jay, tong beulat-beulit kitu. Uing 
 mah hayang nyaho kunaon Alloh teh mere loba hal-hal anu tadi 
 dicaritakeun ku uing, anu ceuk uing teu adil tea.."
"Sabab …"
"Naon ?"
"Ke heula atuh.."
"Buru atuh ih.."
"Sabab….. Alloh teh samena-mena …"
"Samena-mena ? Naha ?"
"Kusabab, manusa-na oge samena-mena ka Alloh"
"Ah, teu kabeh manusa jiga nu disebutkeun ku maneh kitu.."
"Enya, memang teu kabeh, tapi lolobana mah kitu"
"Mun enya kitu, geuning Ustad Momon, hirupna geuning angger we susah, 
 padahal ustad.."
"Trus ?"
"Uing ge asa geus kudu kumaha. Solat lima waktu tara tinggaleun. 
 Solat sunah mindeng. Ti mimiti solat Dhuha, Solat Hajat, Tahajud…"
"Sok Amal ?"
"Osok ari aya…"
"Sok Sodakoh ?"
"Osok.."
"Sok Ngomongkeun batur ?"
"Osok.. eh tara ketang"
"Tara-tara tujuh puluh, ari bieu kabeh tatangga sia dibacakeun kabeh!"
"Ah, lain ngomongkeun eta mah. Ngan saukur nyaritakeun."
"Nya sarua we, nyarita jeung ngomong teh lin ?"
"Enya sih…"
"Paingan atuh du'a maneh tara di ijabah.."
"Naha kunaon kitu ?"
"Ku sabab maneh sorangan ge suudzon ka Alloh teh. Pajarkeun Alloh teu 
 adil. Cik atuh nanaon teh pikir heula. Sagala kajadian teh teuleuman 
 heula. Ulah asal pok.."
"Maksudna ?"
"Kieu we.."
"Kumaha ?"
"Pernah nempo jalma gelo ?"
"Enya..mindeng"
"Dimana ?"
"Di jalan.."
"Kungsi teu nempo jalma gelo gering ?"
"Henteu…"
"Padahal jelma gelo mah tara puguh barangdaharna. Sare sarua peureum 
 jeung nu cageur, najan nu gelo mah ngan saukur ngarengkol 
 dihandapeun jembatan, kahujanan, kaanginan, tara make simbut, tara 
 mandi, tara lalajo tipi. Tapi tara gering, heueuh ?"
"Enya…"
"Tah, mun eta nu gelo dibere gering ku Alloh, ceuk maneh Alloh teh 
 adil teu ?"
"Hmmmm…. Teuing tah, rada teu ngarti !"
"Ih, sia mah nu kitu-kitu bae teu ngarti…"
"Bae atuh ih, cik atuh mere contona nu rada enteng…"
"Kieu atuh…"
"Cik.."
"Pernah ngadenge aya ucing nyeri huntu ?"
"Nya heunteu, da can manggih ucing indit ka dokter gigi!"
"Tah, kusabab ucing mah moal bisa ka dokter gigi, ku Alloh teu dibere 
 nyeri huntu !"
"Nya enya atuh.."
"Cik, Alloh teh adil teu ceuk maneh ?"
"Jigana mah kitu.."
"Ih maneh mah. Hese ngomong jeung nu uteukna teu bisa mikir mah."
"Lain, cik atuh nu rada gampang kaharti!"
"Nya kieu we atuh. Apal Korong ?"
"Ih kalah ka ngomongkeun Korong. Geuleuh !"
"Geuleuh soteh korong batur, da korong nu sorangan mah apanan henteu."
"Enya..trus naon hubunganana jeung Korong ?"
"Korong teh rasana asin."
"Enya"
"Cik, bayangkeun ku uteuk sia, mun eta korong rasana amis ?"
"Atuh meureun digembrong sireum.."
"Tah.. ari diajak ngomongkeun Korong mah geuning ngarti maneh teh"
"Trus naon atuh intina ?"
"Intina… mun Alloh teu adil mah, Korong maneh bisa we rasana amis, 
 irung maneh digembrong sireum unggal peuting mun maneh keur sare !"
"Heueuh.."
"Nu matak, nalungtik kakawasaan Alloh, nalungtik kaadilan Alloh jeung 
 sajabana teh tina hal-hal anu leutik heula. Tempo heula dina diri 
 maneh. Tong barang tempo ka batur. Ngabanding-bandingkeun jeung 
 batur. Cik atuh intropeksi heula belegug !, naha du'a urang teh teu 
 diijabah. Naha aya naon nu ngahalangan, naha kurang ihlas ibadah 
 urang, naha kurang segut digawe, naha loba teuing ulin, naha loba 
 teuing ngalamun, naha loba teuing sirik ka batur…"
"Hi…hi… ari maneh Jay, jiga ustad wae geuning nyarita teh.." 
"Yeuh Dul, tong nempo kana uingna, tapi dengekeun nu dicaritakeunana! 
 Enya uing teh kasep, pangangguran. Teu boga kabogoh-kabogoh acan, 
 tapi saeutikna uing mah syukuran. "
"Maksudna ?"
"Uing mah nyokot hikmahna we. Mun uing pangangguran, teu boga duit, 
 tuluy boga kabogoh. Meureun uing teh lieur. Jaba kudu apel, kudu 
 ginding, kudu boga duit. Bisa we alatan hayang nyugemakeun kabogoh 
 lantaran teu boga duit, uing kudu punta penta ka batur, unjam injeum 
 ka batur, apanan matak nyusahkeun batur. Komo mun kudu ngagarong 
 sagala rupa mah.."
"Nya atuh, apanan maneh teh geus wayah kawin. Batur mah geus reuay ku 
 budak. Ari maneh hayeuh wae bubujangan."
"Ah, nya keun bae.."
"Lain, maenya sakitu puluh tahun ngan dipake kiih wungkul. Apan kawin 
 ge sunah lin ?"
"Kawin soteh ari geus mampuh ! Geus mampuh maraban diri sorangan, 
 karek maraban anak mitoha."
"Heueuh kana kituna mah. Tapi balik deui kana soal nu tadi. Jadi 
 kumaha atuh carana sangkan uing bisa  hirup cara batur ? "
"Apan ceuk uing ge, Alloh teh samena-manena. Ku sabab kitu, maneh ge 
 salian ti usaha, oge kudu ngadu'a. Tapi kudu apal oge cara 
 ngadu'ana."
"Kumaha carana ngadu'a-na ?"
"Ngadu'a, menta ka Alloh supaya Alloh oge samena-mena ka diri 
 maneh..!"
"Naha bet kitu ?"
"Ku sabab Alloh mah Maha Kawasa. Rek naon wae Alloh boga kahayang, 
 geus pasti moal aya nu ngahalangan. Ku sabab Kakawasaanana, Alloh 
 mah bisa samena-mena ka urang.."
"Hmmmm….kitu nya…"
"Ngarti teu ?"
"Teu !"
"Enya, da maneh mah belegug…"
"Yeeeeeee…"


-Jay-


Kirim email ke