From: sobarh <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [wargasubang] Ganas Subang Simadu
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Friday, November 14, 2008, 8:05 AM

Baraya sadaya,

Minggu kamari kuring balik ka lembur. Sanggeus nyacapkeun kasono kanu 
jadi kolot, tuluy gura giru ngabiur ka Cicadas rek meuli ganas si 
madu pesenan babaturan sa kantor.

Di kantor kuring mah sohor ganas si madu ti Subang teh saprak 
rombongan kantor meuli ganas di Cicadas waktu ondangan ka bandung 
liwat Subang. Eta ganas teh waktu dipurak rame-rame di mobil rasana 
amis pisan kawas peueut.

Tah ti mimiti harita tiap poe jumaah babaturan kantor sok naranyakeun 
kuring arek balik kalembur atawa moal cenah. Kabeh ngirong rek nitip 
pangmeulikeun ganas simadu ka kuring.

Nya ahirna kajadian minggu kamari kuring nampa "tugas". Kacida 
beuratna eta tugas teh sabab pamor Subang ditandonkeun 
jeung "kredibilitas" kuring salaku urang Subang.

Di Cicadas kuring ukay-ukey milihan ganas dibantuan ku anak 
pamajikan, neangan ganas anu amis alias simadu. Dasar lain ahli 
ganas, sanggeus ngorowekan tujuh ganas, euweuh hiji oge anu amis. 
Ahirna pamajikan nyarankeun supaya pindah ka tukang dagang anu ngarti 
ganas menta pangmilihkeun, da tukang dagang anu ieu mah teu 
ngartieun. Eta cenah pedah ganas teh aslina kiriman ti Jalan Cagak.

Pindah ka tukang dagang sejen, karek oge gok geus mere keureutan 
ganas, diasaan amis. Wah..hebat yeuh tukang dagang teh, tuluy menta 
pangmilihkeun nu amis lima belas hulu, dibeungkeut lima sikian.

Poe senen kuring jigrah pedah ngarasa tugas kacumponan jeung moal 
pierauen. Anu dua beungkeut dipasrahkeun kanu nitip meuli, 
sabeungkeut deui keur di imah.

Di kantor ibur, ganas teh teu amis hiji-hiji acan. Euleuh...... 
kuring 
ngembang kadu. Gancang nelepon pamajikan ka imah supaya ngasaan ganas 
nu di imah hiji-hiji. Te kungsi lila pamajikan nelepon ngabejaan yen 
ganas di imah mah kabeh aramis.

"Geus ayeuna mah bawa kabeh kadieu make taksi" kuring paparentah ka 
pamajikan. Atuda paur bisi di demo ku sakantor..he. .he..he.. ..

Ahirna kabeh kaupahan ku datangna pamajikan kuring mawa ganas amis. 
Itung-itung panyombo kanu ting puereudeuy ngadahar ganas simadu palsu.

Tah parawargi sadaya....., sigana urang Subang kudu motekar mere 
label kualitas dina ganas supaya konsumen teu kabelejog jiga kuring.

Cag.
Obay.



 
Messages in this topic (1) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Links | Database | Polls | Members | 
Calendar 
MARKETPLACE

----------------------------------------------------------------------
----------
>From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods 
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch 
format to Traditional 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 

Kirim email ke