masya Allah .....
aya keneh nu kitu ...

padahal can tangtu kagantian ku gajih PNS nu sakitu .....

gambaran nu meuli kabagjaan (jadi PNS) ku kabagjaan (imah)
bingung lamun seug kuring oge disanghareupkeun kanu kitu.

Alhamdulillah kuring ge ayeuna PNS
Leuwih alhamdulillah deui teu kudu make sugak sogok sagala
baheula boga prinsip "katarima heug teu kajeun"
da pedah geus gawe di suwasta
ngan pindah teh pedah cenah rek aya pengurangan (waktu krismon 98)








On Mon, Nov 17, 2008 at 6:33 PM, sobarh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED] <sobarh%40yahoo.com>>
> Subject: [wargasubang] Usum CPNS, usum hujan, usum nyogok, peurih
> hate.....
> To: [EMAIL PROTECTED] <wargasubang%40yahoogroups.com>
> Date: Monday, November 17, 2008, 6:26 PM
>
> Ieu yeuh anu matak leneng kana sirah, marojengjana hate alatan ku
> dibukana panarimaan CPNS. Lain pedah hayang jadi PNS, tapi hate
> kuring keur didoja alatan CPNS. Kieu yeuh dongengna.
>
> Kuring teh boga tatangga anu kacida hadena, lain hade sausum, ieu mah
> estuning hade manah tibarang wawuh jeung kuring ti baheula.
>
> Kamari ieu pasosore manehna nganjang ka imah kuring bari ngagigiwing
> sertifikat tanah imah manehna. "Mangga cep sabaraha we diartosanna,
> bapa mah moal panteng janget nawiskeun ieu tanah teh, estuning kumaha
> encep" ceuk tatangga bari ngeluk.
>
> Sanggeus disaliksik, singhoreng manehna teh perlu duit keur waragad
> nyogok ngasupkeun anakna ka PNS. Si tatangga teh boga anak dua lalaki
> kabeh. Anu kahiji geus rimbitan tapi can pageuh, masih gumantung ka
> kolot. Harepan manehna ka budak kadua ieu anu rek diasupkeun jadi
> PNS. Ari duit anu diperlukeun teh 150 juta.
>
> "Kamana engke bapa sareng kulawarga upami bumi diical mah?" tanya
> kuring ka manehna.
> "Numawi bapa nawiskeun ka encep teh supados tiasa dikontrak ku bapa
> upami tos kapimilik ku encep, da kabatur mah biheung tiasa dikontrak".
>
> Ngarakacak hate mah ngadenge ngalengisna tatangga, ngan kuring jadi
> ngahuleng. Kahiji kumaha lamun duit geus abus tapi teu lulus? Meureun
> banda beak bari jeung euweuh hasil. Kaduana lamun enya bisa asup,
> meureun si budak teh kudu bisa malikeun modal anu lain saeutik? Pan
> eta teh bibit-bibit korupsi.
>
> Kuring ngan ukur bisa kerung, teu wasa mere harepan jeung teu wasa
> mere jawaban. Galecok jeroning hate nganaha-naha tatangga jeung
> nganaha-naha kaayaan, anu kaluar ngan ukur "ke bade diemutan
> heula....... "
>
> Manehna balik diiringkeun ku hujan ngaririncik. .........
>
> Obay (anu keur perang sabil na hate)
> ~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~
>
>  
>

Reply via email to