Ari abdi mah mireng wartosna teh kieu: Barang juragan insinyur bade ngawaler teh, ngahuleng heula ngemutan nami buah anu dimaksad. Lar wae aya KUDA ngalangkung, tapi weleh teu kapendak nami buah eta. Sacara reflek juragan insinyur nyebat nami KUDA. Tapi da reflek tea atuh, ari pok anu kaluar teh kecap KADU (bari jeung nyengir KUDA).
baktos, mrachmatrawyani --- On Wed, 11/19/08, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] duren atawa kadu To: urangsunda@yahoogroups.com, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Wednesday, November 19, 2008, 8:26 AM Buah anu kulitna cucukan tapi mibanda rasa amis tur pelem teh aslina mah ngaranna "duren". Tapi aya oge anu nyarebut "kadu". Ngeunaan hal ieu, cenah aya dongengna. Dina hiji waktu, aya Insinyur pertanian anu ditaros ngeunaan ngaran buah anu kulitna cucukan tapi mibanda rasa anu amis tur pelem tea. Sang insinyur hilap deui ngaranna. Kumargi ari ngajawab hilap deui atanapi teu terang sama sakali (duka.....) mah gengsi, nya kecap " duka" teh dibalikeun jadi "ka du". Ti harita pisan duren teh gaduh nami alias yaeta "kadu" tea. Catetan : Insinyur pertanian na sanes pribados.