Kang.... Kantos di cobi teu acan? Eueut Ciherang ari gugah bobo (enjing-enjing) 
sateuacan emam nanaon... sing rada seueur we eueutna 3-4 gelas, upami teu tiasa 
sakaligus dilalanyahan heula we sagelas-sagelas.
Insya Allah kang bakalan lancar....

Sing enggal damang....




________________________________
Dari: Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urang sunda milist <urangsunda@yahoogroups.com>
Terkirim: Kamis, 20 November, 2008 08:37:51
Topik: [Urang Sunda] Hese Miceun (Balita)


Kamari nu di bahas teh budak hese dahar,
 
Tah ayeuna simkuring nuhunkeun bongbolongan kangge budak hese miceun,
Bilih aya dokter sareng pakar anak di ieu milis, atawa kadang wargi aya 
pangalaman dina mayunan masalah anak nu sami, peupeujeuh kuring nuhunkeun 
bongbolongan na jigana kuring geus taak yeuh, sagala usaha tos di lakukeun.
 
Budak kuring umurna geus rek nincak opat taun,
nepi ka umur sataun, taya masalah nanaon dina hal miceun 
 
Waktu budak umur nincak dua taun, kakara aya masalah dina miceun, budak teh 
kotoran na rada kimpel jeung hese kaluarna. 
Terus kuring konsultasi ka dokter, nya ti harita kuring jadi wawuh jeung 
"Dulcolac". 
Diet makan keur budak ku kuring di terapkeun nurutkeun pituduh dokter, 
isuk-isuk cukup ku susu jeung agar-agar, atawa sabangsaning yogurt, nembe tabuh 
12 siang di pasihan emam (bubur) jeung sayur-sayuran, teu hilap buah-buahan 
mah. Yakult rutin sadinten sakali dipasihan. komo cai herang mah sering pisan...
Sadinten dua dinten lancar miceun na, tapi teu kungsi lami, panyakit sesah 
miceun na kambuh deui, 
 
Curiga lepat susu, nu harita kuring masihan "Dumex", ku kuring di gentos susu 
na ku chilmill/chilkid, 
 
nembean mah leres miceun na teh, tapi lami-lami kitu deui wae, malihan curiga 
bilih susuna kimpel teuing , ku kuring di enceran, 
 
Panasaran, kukuring digentos deui wae ngangge "pediasure" nyakitu ngan ukur 
mimitina hungkul, tah ayeuna tehdipasihan ku "Anmum child", ngan kitu ngawitan 
hungkul, kaditu na mah angger deui wae.
 
Teu sirikna kuring beak dengkak, geus usaha satekah polah, sering pisan kuring 
konsultasi ka dokter anak, ngan kitu tea wae solusi na ukur balik deui ka 
dulcolac, atanapi glycerin (nu diasupkeun ka na dubur). Tapi kan bahaya pami 
terlalu sering mah komo deui budak masih balita.
Malihan kantos di-rongsen sagala, saurna aya penyempitan usus sakedik. teras 
diterapi obat. saurna teu serius sabab ku ngagedean na budak otomatis usus 
bakal ngilu gede. 
 
Pami ku kuring ditalungtik, ternyata budak teh dina poe kahiji anu kuduna geus 
waktuna miceun, ternyata teu aya rangsangan mules hoyong miceun, janten wae 
miceun na dina poe kadua atawa kadang poe katilu. dugi ka kotoran na ageung tur 
teuas.
 
Kadang kuring sok hayang ceurik mun ningali budak geus kabebeng,  karunya. 
sabab kotoran na  leuwih-leuwih ti gedena ising kolot. kantos ku kuring diukur, 
diameterna nepi ka 3.5cm, jaba teuas. kuring nepi ka ngabirigidig ...nanging 
can kantos upami dugi ka kaluar darah mah.
Jadi asa mustahil pami aya penyempitan usus, ari kotoran bisa sakitu gedena.
 
Ayeuna nuju diterapi teu emam nasi, minangka karbohidratna ku kentang wae 
unggal dinten. ditambih sayur sareng lauk. ditambih vitamin fruit 18 unggal 
enjing (kapsul) mangrupa 18 macem sari buah-buahan jeung sayur. Teu indit ka 
dokter, bosen....sabab kitu-kitu keneh wae, duit mah teuing geus sabaraha juta 
dibikeunan ka dokter...
 
Ayeuna kuring tinggal tawakal na wae. kuring mah tinggal masrahkeun wae kanu 
Ngatur ...
Usaha parantos, tinggal doa jeung tawakal...
 
Baraya, bilih aya pangalaman nyanghareupan budak model kieu. mangga japri ka 
kuring pangalaman na. insya allah mangfaat pisan kanggo kuring.
 
Wasalam
 
Abu Hana
 
 
 
 
 
  
    


      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke