Kang Maman,
 
Moal daraekeun urang Sudan jeung urang Argentina-na oge sabab 
maranehanana geus nyahoeun adat urang Indonesia.
 
Pan geus kawentar atuh sipat jalma diirong tina laku jeung omongana, 
contona yeuh:
Urang Jepang: Teu loba omong, loba gawe.
Urang India: Loba omong, saeutik gawe
Urang amerika: Loba omong, loba gawe
Urang Rwanda: Teu loba omong, teu loba gawe.
 
Kumaha urang Indonesia......??
Lain nu diomongkeun, lain anu digawean.........
 
Jadi lieur lah jadi presiden Indonesia mah...........
 
Obay
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. 
Tapi, nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana 
ngadon "rapat" di imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu 
dilakonan sangkan Sultan bisa ditarima ku urang Sunda. Utamana, 
tangtu bae, mangsa Pemilu taun hareup.
>  
> Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun 
kuring, sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. 
Malah, satengahing molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu 
ngomentaran. Siga nu heueuh.
>  
> Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya 
kana calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. 
Lain perkara Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina 
dirina. Paling heunteu saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman 
goreng" jeung manehna. Mangsa kuring jadi reporter di hiji majalah, 
jeung manehna salah sahiji komisaris di eta majalah). 
>  
> Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu 
inohong. Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-
kirana pantes heunteu ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih 
alus mun urang nunjuk urang Sudan atawa urang Argentina salaku 
Presiden? (Kitu mun bisa, jeung maranehna daraekeun). 
>  
> 
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>


Reply via email to